Macam macam dongeng sunda sareung contona

Eusi dongéng téh umumna ngandung atikan moral. Upamana baé, jalma bener tangtu meunang pahala, jalma salah tangtu bakal meunang siksaan atawa cilaka. Sangkan éta jlma tinekanan tangtu kudu ngagunakeun akal.Macam macam dongeng sapertos dihandap ieu :


Jenis - Jenis dongeng basa sunda

1. Dongéng sasatoan ( fabel ) nyaéta dongéng  anu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upama baé bisa nyarita jeung ngagunakeun akal pikiran. Contona dongeng-dongeng sakadang Kuya jeung sakadang monyet atawa dongeng-dongeng sakadang Peucang.

2. Dongeng sasakala (legénda) nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun asal muasalna kajadian hiji tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan. Contona dongéng “Sasakala Situ Bagendit” jeung “Sasakala Talagawarna”.

3. Dongeng Babad (sagé) nyaéta dongeng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah. Upamana baé “Dongéng Kian Santang” jeung “Dongéng Prabu Siliwangi”.

4. Dongeng Kahirupan Jalma Biasa (Parabel) nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun jalama biasa. Contona dongéng Si Kabayan.

5. Carita Para Nabi/ Wali nyaéta carita anu eusina patali jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembutan atawa hal-hal  anu gaib. Yén carita para nabi wali ngan saukur dongéng anu mangrupa carita rekaan. Upamana baé ngenaan Kasaktén jeung wewesén parawali.

6. Dongéng Pieunteungeun nyaéta dongéng anu eusina mangrupa  tuladan pikeun manusa. Bisa dongéng  sasatoan, dongéng jalma biasa, jeung sajabana.

7. Dongéng Pamuk téh nyaéta dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma, tur biasana aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah.

Contoh dongeng


Fabel : 

Macam macam dongeng sunda sareung contona


Sakadang monyet jeung kuya ngala cau 

SAWATARA bulan ti harita, pelak cau Sakadang Kuya téh geus baruahan, malah geus arasak. Mimiti kanyahoanana ku Sakadang Monyét. Atuh Sakadang Monyét téh hariweusweus nyaritakeun tangkal cau téa ka Sakadang Kuya.

“Ieuh, geuning tangkal cau téh geus buahan. Buahna ogé geus karonéng deuih,” ceuk Sakadang Monyét

“Piraku Sakadang Monyét?”

“Sumpah. Pan bieu uing ngaliwat ka dinya. Kudu buru-buru diala, bisi kaburu ku cocodot!”

“Heug, isukan mah urang ala.”

“Keun uing anu ngalana mah, urang taékan. Sakadang Kuya mah cicing wé di handap, da teu bisa naék. Ngan uing ménta nya, apan uing anu ngalana, jeung uing deuih anu pangheulana nganyahoankeun geus asakna ogé! Kuduna mah dibagi dua.”

Sakadang Kuya ukur nyenghél ngadéngé omongan Sakadang Monyét kitu téh. Teu némbal.

Peutingna, soré kénéh Sakadang Monyét geus saré. Jigana mah capéeun, lantaran beurangna geus liar jauh. Ari Sakadang Kuya mah masih kénéh nyileuk. Keur kitu kadéngé Sakadang Monyét ngalindur, “Isukan uing rék ngala cau. Cauna rék dibawa kabur, Sakadang Kuya mah moal dibéré. Bongan tuda, basa éta gé nangka dibéakkeun ku sorangan.” Tayohna mah Sakadang Monyét téh neuteuli soal nangka téa, nepi ka kababawa ngalindur.

Ngadéngé kitu, Sakadang Kuya ngahuleng. Mikiran kumaha carana sangkan isukan cauna henteu dibawa kabur ku Sakadang Monyét. Manéhna manggih akal. Belenyéh seuri sorangan. Manéhna nyokot koja. Tuluy éta koja téh dibolongan handapna. Anu bolongna téh dianyamkeun deui, tapi anyamanana padu némpél, nepi ka teu katingali geus dibolongan. Geus kitu mah, dug baé Sakadang Kuya saré.

Isukna, kira-kira wanci haneut moyan, Sakadang Monyét ngajak ngala cau téa ka Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya, hayu urang ngala cau téa!”

“Hayu. Tah, bawa atuh kojana ku Sakadang Monyét, keur wadahna. Pan anjeun anu rék ngalana ogé, uing mah teu bisa naékna.”

“Heueuh, ka dieu urang bawa ku uing,” ceuk Sakadang Monyét. Koja téh disalindangkeun.

Duanana leumpang antaré naker. Sakadang Monyét mah katénjona téh bungah pisan. Paromanna marahmay, malah maké jeung hahariringan sagala. Boga rasa, manéhna bakal meunang milik anu kacida lobana. Sakadang Kuya mah moal dibéré.

Barang tepi ka nu dijugjug, enya baé cau téh geus arasak. Komo seuhangna mah, geus karonéng. Anu katénjo héjo kénéh téh, butitina wé.

Teu ngadagoan dititah heula, kalacat wé Sakadang Monyét naék kana tangkal cau. Tuluy baé metikan cau anu geus arasakna. Sanggeus dipetik, terus diadupkeun kana koja. Atuh puguh wé cau téh murag, lantaran handapna geus dibolongan téa ku Sakadang Kuya. Cau anu murag téh disanggap ku Sakadang Kuya. Sanggeus dibuka cangkangna, belewek baé didahar.

Sakadang Monyét mah tonggoy baé metikan cau. Petik, sup kana koja, pluk murag. Kitu jeung kitu baé. Sakadang Monyét teu nyahoeun, da teu rurat-rérét ka handap. Bakating ku hayang buru-buru anggeus ngala cauna.

Bari ngaweswes ngadaharan cau, Sakadang Kuya api-api ngurihit ménta cau ka Sakadang Monyét.

“Jang, cik atuh ménta cau téh. Hijiii wé. Uing mah meni hayang ngasaan!”

Sakadang Monyét teu némbalan. Malah teu ngalieuk-lieuk acan.

“Emh, Sakadang Monyét mah teu inget wé ka uing téh!”

Sakadang Monyét hare-haré.

Barang cau anu arasakna geus béak, Sakadang Monyét tuturubun turun tina tangkal cau. Maksudna rék mawa kabur cau arasak, anu pangrasana mah aya dina kojana. Deregdeg baé lumpat, térékél naék kana tangkal anu jangkung. Clé diuk dina dahanna anu luhur. Leungeunna ngodok koja rék nyokot cau. Cauna euweuh. Barang eusina diilikan, Sakadang Monyét ngajéréwét kagét, lantaran kojana kosong. Beuki kagét barang ningali koja téh handapna bolong.

Rét ka handap, katingali Sakadang Kuya keur nyarandé kana tangkal cau bari nyekelan beuteung. Kamerekaan lantaran loba teuing ngadahar cau. Di sabudeureunana cangkang cau meni ngabayak.

Sakadang Monyét buru-buru turun tina tangkal, tuluy nyampeurkeun Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya, ménta cauna atuh!”

“Tah, aya hiji deui!” ceuk Sakadang Kuya bari nuduhkeun kana cau anu ngagolér.

“Maenya ngan hiji!” ceuk Sakadang Monyét nyereng.

“Ih, apan anu naékna gé Sakadang Monyét, uing mah ngan mulungan anu maruragna wungkul,” témbal Sakadang Kuya, bari angger ngusapan beuteungna anu mutiktrik.

Cau téh dicokot, tuluy didahar ku Sakadang Monyét. Puguh baé ngeunah, cau raja ceré, asak dina tangkal deuih.

Sakadang Monyét kacida keuheuleunana ka Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya mah kawas lain jeung sobat baé!” pokna bari terus indit.

Sakadang Monyét pundung deui. Indit ka jero leuweung, ninggalkeun Sakadang Kuya.


Sasakala ( Legenda ) :

Sasakala situ gunung

Di Sukabumi aya hiji situ anu tos kakoncara, katelahna Situ Gunung. Pernahna di désa Gedé Pangrango, kacamatan Kadudampit. Ti puseur dayeuh Sukabumi anggangna kirang langkung 15 KM.
Kaayaan Situ Gunung pohara éndahna. Caina canémbrang hérang. Sabudeureun situ pinuh ku rupa-rupa tatangkalan. Atuh pantes baé hawana téh karaos seger.
Numutkeun carita anu dicaritakeun deui, Situ Gunung téh lain situ alam. Situ Gunung ngahaja didamel ku jalmi. Nu ngadamelna nya éta Embah Jalun saparakanca. Kieu jujutan caritana! Geura regepkeun sing gemet!
Embah Jalun kalebet kulawarga raja Mataram. Ramana janten pangagung di éta karajaan. Jenengan aslina téh nya éta Rangga Jagat Syahadana. Ramana Embah Jalun kalebet pajoang anu tanggoh. Anjeunna ngalawan panjajah Walanda dugi ka perlayana. Ahirna, kalungguhan ramana di karajaan Mataram dipasrahkeun ka Embah Jalun.  Sok sanaos anjeunna anom kénéh, namung da tos kamashur kasakténna. Janten pantes, upami Embah jalun janten pangagung téh.
Dina hiji mangsa Embah Jalun ngantunkeun Mataram. Tempat anu dibujengna nya éta Banten. Maksadna mah hoyong sasarengan sareng Sultan Banten geusan bajoang ngalawan panjajah Walanda.

Jalan ka Banten mah bénten sareng ayeuna.  Harita mah masih kénéh leuweung geledegan. Embah jalun katut parapangiringna ngalangkungan leuweung geledegan anu rembet ku tatangkalan galedé tur sasatoan anu garalak. Seueur jungkrang anu lungkawing sareng walungan anu arageung.  Atuh puguh wé lalampahanana téh sesah énggal dugina.

Di satengah ngilalampahan, Embah jalun saparakanca sok ngaso di sababaraha wewengkon. Contona baé, di Cirebon, Sumedang, sareng Cianjur. Di éta wewengkon anjeunna teras-terasan bajoang. Malih, di Sumedang mah kantos katangkep ku musuh. Kitu deui, di Cianjur. Anjeunna baris ditibanan hukuman pati ku cara digantung. Untung baé Embah jalun téh kalebet pajoang anu sakti. Anjeunna tiasa kaluar ti panjara, sateuacan hukuman pati dilaksanakeun.

Ti Cianjur neraskeun lalampahan ka Bogor. Jalanna ngaliwatan leuweung Gunung Gedé sangkan teu kasusud ku panjajah Walanda. Lalampahanana dugi ka hiji léngkob. Éta léngkob pohara éndahna. Lebah dinya aya walungan anu caina canémbrang hérang.

Embah Jalun katut robonganana ngaso di éta tempat. Maksadna mah palay nyegerkeun deui salirana. Ma’lum tos nyorang lalampahan anu sakitu tebihna. Lami-lami diputuskeun kanggo ngababakan di dinya. Bumi kanggo panganjrekan diwangun ku cara gotong royong. Malih mah, anjeunna kantos ngadegkeun masjid. Dugi ka kiwari éta tempat katelah Gunung Masigit.

Teu kantos lami, anjeunna kagungan putra. Jenengan putrana téh Rangga Jagat Jaka Lulunta. Nu sok disarebat Jalun, pondokna tina Jaka Lulunta.

Ka dieunakeun, jenengan Jalun téh sok dianggo nyebat ramana. Hartosna, ka Rangga Jagat Syahadana nyebat Embah jalun. Nya ahirna, masarakat langkung mikawanoh kana éta jenengan. Tah, ti harita Rangga Jagat Syahadana katelah Embah Jalun!

Kagungan putra téh kalintang bingahna. Saking ku bingah-bingahna, Embah Jalun kagungan nadar. Anjeunna badé ngadamel talaga anu teu tebih ti tempat panganjrekanana.

Kaleresan aya hiji léngkob nu sumber caina saé pisan. Embah Jalun sareng pangiringna badanten. Nya, ahirna dicindekkeun yén éta léngkob badé dibendung ti palih kulon.

Teu kacarioskeun lamina ngabendung éta léngkob, talaga téh tos ngajanggélék. Caina ngamplang tur canémbrang hérang. Kawantu sumber caina ti pagunungan. Éta talaga dugi ka kiwari disebatna Situ Gunung.

Dina hiji mangsa Situ Gunung kapendak ku Walanda. Éta situ ditalungtik. Tétéla, situ téh sanés situ alam, namung ngahaja didamel.

Lami-lami kasusud yén nu ngadamelna téh Rangga Jagat Syahadana nu nuju dipilari. Walanda satékah polah nyiar tarékah sangkan bisa nangkep Rangga Jagat Syahadana.

Rangga Jagat Syahadana alias Embah jalun ahirna katangkep. Anjeunna baris ditibanan hukuman pati. Tempatna di alun-alun. Kiwari mah alun-alun Cisaat. Namung, ku kersaning Anu Maha Kawasa, Embah Jalun lolos tina bahaya maut. Anjeunna teu cios digantung dina tihang gantungan.

Embah Jalun lolos tina hukum pati. Anjeunna neraskeun deui lalampahanana. Mung ayeuna mah henteu sareng pangiringna. Kulawargana ogé teu aya nu dicandak. Anjeunna angkat bari susulumputan. Jalanna ngalangkungan leuweung anu brasna ka Bogor.

Lalampahan Embah jalun mung dugi ka Bogor. Anjeunna teu dugi ka Banten, margi kabujeng teu damang parna. Ahirna anjeunna pupus. Layonna dipendem di kampung Baru Bogor.

Tah, kitu jujutan carita embah jalun anu ngawangun Situ Gunung!

Sanaos embah Jalun tos taya dikieuna, Situ Gunung mah tetep dipiara ku kulawargana. Mung hanjakal, ka béh dieukeun karebut ku Walanda. Ku Walanda, éta situ diwangun deui janten tohaga. Malih, dicaketeunana diwangun hotél sagala. Katelahna hotél Situ Gunung. Dugi ka kiwari éta hotél téh aya kénéh.

Kiwari Situ Gunung janten pangjugjugan balaréa. Anu piknik jul-jol ti mana mendi.Duka dugi ka iraha Situ Gunung tetep kamashur. Duka dugi ka iraha éta talaga tetep kakoncara. Tangtosna gé gumantung ka nu ngarawatna. Kalebet ngaraksa tur ngariksa leuweung. Leuweung Gunung Gedé sumber cai urang Sukabumi.

Babad ( sage ) :
Raden Kian Santang

Kéan Santang téh putra Prabu Siliwangi anu katelah gagah tur sakti. Di Pajajaran, malah di Pulo Jawa teu aya hiji ogé jalma anu bisa nandingan kasakténna.

Dina hiji waktu Kéan Santang ngadeuheus ka ramana, unjuk-kan yén dirina hayang ningali getih sorangan. Hayang tarung ngadu jajatén, tapi teu aya nu bisa nandingan.

Ngadangu kasauran putrana kitu, Prabu Siliwangi geuwat baé nyauran para ahli nujum karajaan. Ménta bongbolongan, sugan aya jalma anu bisa nandingan kasaktén Kéan Santang. Ditanya kitu, para ahli nujum téh kabéhanana ngabigeu teu aya nu némbal. Ngan teu lila ujug-ujug aya aki-aki anu nyampeurkeun ka Kanjeng Prabu.

“Kanjeng Prabu, kaula bisa nuduhkeun saha jalma anu bisa nandingan kasaktén tuang putra. Jauh pisan éta jalma téh, ayana di nagri Mekah, ngaranna Bagénda Ali.”
“Saha kira-kirana anu bakal unggul lamun anak kaula tarung jeung Bagénda Ali?” Kanjeng Prabu ,alik naor.
Anéh pisan, saméméh ngajawab éta aki-aki téh geus ngaleungit, duka ka mana ngilesna.

Ti harita Kéan Santang teu genah cicing. Hayang geura gok patepung jeung jalma nu ngaran Bagénda Ali. Hayang geura tarung ngadu jajatén.

Hiji waktu Kéan Santang pamitan ka ramana Prabu Siliwangi, seja miang ka nagri Mekah, rék nepungan Bagénda Ali. Sanggeus diwidian ku ramana, gejlig baé anjeunna angkat ti Pajajaran. Leumpang ngulon, muru ka lebah panonpoé surup. Bubuhan jalma sakti, leumpangna téh napak kancang, nyaéta leumpang dina kulit cai, nyéak gancang ka ditu ka kulonkeun.

Barang nepi ka nagri Mekah, Kéan Santang patepung jeung aki-aki anu keur ngiuhan handapeun tangkal korma. Pok Kéan Santang nanya.

“Ki, cing tuduhkeun di mana ayana Bagénda Ali téh?” Éta aki-aki téh ukur melong, neges-neges ka nu anyar datang.

“Saha Ujang téh?” pokna kalah malik nanya.

“Kaula téh Kéan Santang ti Pulo Jawa. Kaula hayang tepung jeung Bagénda Ali. Cenah anjeunna téh jalma sakti, kaula hayang ngadu jajatén.”

“Euh, kitu. Yu atuh tuturkuen Aki!” ceuk éta aki-aki ngajak indit ti dinya. Kéan Santang nuturkeun. Tapi kakara ogé sababaraha léngkah, aki-aki téh pok nyarita, “Aéh, iteuk Aki tinggaleun. Cing pangnyokotkeun, Ujang!” Kéan Santang geuwat balik deui, maksud rék mangnyokotkeun iteuk. Ari iteuk si aki téa nanceb deukeut tangkal korma.

Barang éta iteuk dicabut, karasa bet pageuh. Kéan Santang nyabut deui beuki bedas, angger baé teu kacabut. Kéan Santang mapatkeun ajian, nyabut deui éta iteuk sataker tanaga. Ané pisan. Lain iteuk anu kacabut téh, tapi kalah sukuna ambles kana taneuh. Kitu jeung kitu baé, unggal manéhna nyabut, sukuna kalah beuki mebes.

Kéan Santang geus ngoprot késang. Iteuk angger teu bisa kacabut. Manéhna mimiti boga curiga yén aki-aki nu boga éta iteuk téh tangtu lain jalma samanéa. Keur kitu, aki-aki téh geus aya gigireun.

“Saha saenyana andika téh, Ki?” ceuk Kéan Santang semu lungsé. Si Aki ukur seuri ditanya kitu téh.

“Nya kaula anu ditéangan ku andika téh. Kaula Bagénda Ali!” Ngadéngé kitu, rumpuyuk baé Kéan Santang nyuuh kana sampéan Bagénda Ali. Manéhna taluk, sadar yén kasaktén dirina ukur satungtung buuk upama dibandingkeun jeung élmu kawedukan Bagénda Ali.

“Kaula taluk, sumerah diri hoyong guguru ka Kanjeng Bagénda,” ceuk Kéan Santang.
“Heug, tapi andika kudu ngucapkeun sahadat heula, asup agama Islam,” walon Bagénda Ali
Ti harita Kéan Santang asup agama Islam sarta terus guguru, ngulik bagbagan agama Islam di Nagri Mekah.

Sanggeus ngarasa cukup ngalap élmu, Kéan Santang pamitan hayang mulang deui ka nagrina, Pajajaran. Ku Bagénda Ali diwidian kalayan dibéré pancén yén Kéan Santang kudu nyebarkeun agama Islam di Pulo Jawa. Aya dua rupa barang anu dibekelkeun ku Bagénda Ali nyaéta tasbéh jeung kitab Al-Qur’an.

Kéan Santang mulang deui ka Pajajaran, nyebarkeun agama Islam. Teu saeutik rahayat Pajajaran anu tuluy ngagem agama Islam. Ari ramana, Prabu Siliwangi, teu kersaeun ngagem agama Islam. Dibarengan ku sawatara prajuritna, Prabu Siliwangi ninggalkeun karaton, ngungsi ka hiji tempat di pakidulan Garut. Ceuk sakaol, di dinya anjeunna ‘nghiyang’, ngaleungit tanpa wujud. Ari para prajuritna minda rupa jadi maung.

(Tina buku Sabasa 7A (Revisi)  kaca 40 – 42).

Eta nyaeta macam macam dongeng bahasa sunda sareng contona, anu sanesna bade dipeudar deui sanes waktos.

Lajeung kanu sanesna : Kumpulan banyolan sunda
                                   Kata kata sunda lucu
                                   Bobodoran sunda cangehgar
                                   



loading...

Post Anu Sanesna: