Asal wawacan tina "waca" nu ngandung harti "maca" atawa “dibaca”. Wawacan téh mangrupa karya sastra sampeuran anu wangunna nuturkeun pola patokan pupuh. Eusina ngébréhkeun hiji gunggungan carita anu ngandung hiji téma. Caritana panjang, sabab diwangun ku loba palaku anu ngalalakon sarta jalan caritana loba bagianana.
Ku lantaran ngagunakeun patokan pupuh, tangtu dina macakeunana ogé dihaleuang -keun/ditembangkeun maké lagam pupun anu 17, kauger ku ku guru lagu, guru wilangan. Seni macakeun wawacan sok disebut beluk.
Wawacan kaasup kana wangun fiksi. Nyaéta naon-naon anu dicaritakeun sagemblengna ukur rékaan atawa imajinasi pangarang.
Sejarah Wawacan
Nurutkeun sajarahna Wawacan téh asalna ti Jawa (Mataram), asupna wawacan ka tatar Sunda sabada karajaan-karajaan nu aya di tatar Sunda kaéréh ku Mataram dina abad ka-17 M, bareng jeung basa Jawa ka wilayah Jawa Barat, ku pangaruhna kakawasaan Mataram. Saterusna basa Jawa téh mangrupa basa resmi nu digunakeun ku pamaréntahan mangsa harita, nepikeun ka pertengahan abad ka-19.
Struktur Wawacan
Nilik kana wangunna, wawacan ngabogaan struktur saperti
• Manggalasastra (alofon): eusina neda widi katut muji sukur ti anu nulis ka Nu Maha Kawasa katut solawat ka Kangjeng Rosul;
• Eusi: guluyurna carita ti mimiti nepi ka tamat;
• Bagian panutup (kolofon): eusina titimangsa ditulisna éta wawacan
Conto Manggalasastra
Kasmaran kaula muji
ka Gusti Ajawajala
nu murah ka mahluk kabéh
jeung muji utusanana
Kangjeng Nabi Muhammad
nya éta Nabi panutup
miwah muji sahabatna
(wawacan Rengganis)
Conto Kolofon
Tamatna kaula ngarang
Pukul tujuh malem Kemis
di tanggal tujuh welasna
kaleresan bulan April
taun Kangjeng Maséhi
saréwu dalapan ratus
jeung genep puluh dua
marengan hijrahna Nabi
saréwu dua ratus tujuh puluh dalapan
(Wawacan Panji Wulung)
Macam macam wawacan
Ciri-Ciri Wawacan
1. Mangrupa karangan narasi (carita)
2. Jalan caritana panjang
3. Kaasup kana wangun karangan ugeran
4. Dianggit maké patokan pupuh
5. Ditepikeunana ditembangkeun (beluk)
6. Parapalakuna umumna jalma linuhung
7. Kanyahoan nu ngarang jeung waktu nulisna
8. Jalan caritana umumna ngandung unsur pamohalan
9. Dipidangkeun di nu hajatan, saperti salametan orok, khitanan, gusaran, kawinan, jeung salametan sabada panén.
Wawacan nu geus dibukukeun
H.Abdul Salam nulis Wawacan Rengganis
R.Soeriadiredja nulis Wawacan Purnama Alam.
Awal abad ke-20:
R.Memed Satrahadiprawira nulis:Wawacan Enden Saribano
R.Satjadibrata
nulis:Wawacan Sastra-sastr
i.
Tubagus Djajadilaga nulis:Wawacan Kidung Sunda.
Mas Natawisastra nyadur:Wawacan Bispuradja.
R.H. Boerhan Kartadiredja
nulis:Wawacan Natasungkawa
.
M.Kartadimadja nulis Wawacan Jaka Sundang.
R.Machjar Angga Kusumah Dinata nulis:Wawacan Nalaka Suraboma
Engka Widjaja nulis:Wawacan Lutung Kasarung.
Nyi R. Siti Hadidjah nulis:Wawacan Rusiah Nu Kasep.
M.A.Salmun nyadur:Arjuna Wiwaha dina wangun wawacan dijudulan Mintaraga.
M.Sastradiredja menyadur :Wawacan Damar Wulan jeung Wawacan Prabu Udayana.
Contoh Wawacan
Wawacan Damarwulan
Wawacan anu nyaritakeun Puteri Brawijaya di Karajaan Majapahit anu ngaranna Déwi Kencana Wungu ngawaris tahta karajaan kalawan gelar Prabu Kanya Ayu Kencana Wungu. Kacaritakeun, Patih Kuda Laléyang katut para puterana anu opat can lila dikantunkeun ku ibuna amitan pikeun indit tatapa. Nalika dikantun tatapa, jabatan Patih diganti ku patih Logender anu gaduh putera tulu, tur dibantuan ku Ranggalawé ti Tuban.
Kacaritakeun yén kageulisan Sang Prabu Majapait téh geus sumebar ka sakuliah nagri tatangga nepi ka nagri Blambangan anu diparéntah ku Ménak Jingga nu kawentar minangka raja anu makmak meukmeuk tur resep ka awéwé. Ku sabab lamaran anu ditepikeun ku utusan ti Blambangan ditampik, antukna Ménak Jingga kacida murkana sarta manéhna nyiapkeun wadya baladna pikeun ngajorag Majapait. Tapi pamaksudanana téh teu hasil, samalah Ménak Jingga serah bongkokan ka Ranggalawé. Dina ieu téks ayana tokoh Damarwulan teu pati katémbong, samalah dina kajadian perang, Damarwulan téh keur nyarengan ramana tatapa. Ieu téks téh kawasna mangrupa saduran tina Carita Panji di Jawa.
Unsur Intrinsik :
Tema : Cinta
Tokoh : Ratu Ayu Kencana Wungu = Bageur tapi sok jalir jangji
Jaka Umbaran (Minakjingga) = Sarakah
Damarwulan = Bageur, wanteran, sok ngabela kabeneran
Latar : Karajaan Majapahit jeung Karajaan Blambangan
Alur : Maju
Amanat : Talatah moral anu tiasa dipetik ti carita ieu nyaeta, kahiji,daweung resep jalir jangji bade ngabalukarkeun akibat anu awon,sepertos daweung jalir jangji Ratu Ayu Kencana Wungu ngabalukarkeun peupeus na peperangan antawis Majapahit sarta Blambangan. Kadua,sipat jahat,nyaeta resep ngajabel hak batur,katembong dina laku-lampah Layang Seta sarta Layang Kumitri anu ngajabel hak Damarwulan minangka pinunjul sayembara. Balukarna,kadua jalmi licik eta oge lebet panjara.
Kasimpulan
• Numutkeun bahasan carita pantun anu parantos di uningakeun ka khalayak dina presentasi makalah ieu. Urang janten tiasa nyandak titi mangsana yen diantawisna :
• Anu dimaksud carita pantun teh nya eta mangrupa hiji seni pintonan carita pitutur / lisan dina wangun Sastra Sunda, bari ditembangkeun sarta dipirig ku kacapi. Pantun dipdangkeun ku saurang “Juru Pantun” nu oge maenkeun kacapi.
Papasingan carita pantun
• Seni carita pantun dipidangkeun dina bua bentuk :
a) Pikeun hiburan :
Dina pidang hiburan, anu sok dicaritakeun teh gumantung ka carita nu dikawasa ku juru pantun, atawa gumantung nu naggap.
a) Pikeun ritual :
Sedangkeun dina pidang ritual, anu sok dicaritakeun teh gumantung ka carita nu dikawasa ku juru pantun, atawa gumantung nu naggap. Misalna, ruwatan, caritana sarua jeung dina pitonan wayang, layaning Batara Kala, Kama Salah, atawa Murwakala..
Anu sanesna : Carpon bahasa sunda
loading...