Sasakala Situ Gunung Sukabumi

            Di Sukabumi aya hiji situ anu tos kakoncara, katelahna Situ Gunung. Pernahna di désa Gedé Pangrango, kacamatan Kadudampit. Ti puseur dayeuh Sukabumi anggangna kirang langkung 15 KM.


Sasakala Situ Gunung Sukabumi


            Kaayaan Situ Gunung pohara éndahna. Caina canémbrang hérang. Sabudeureun situ pinuh ku rupa-rupa tatangkalan. Atuh pantes baé hawana téh karaos seger.

            Numutkeun carita anu dicaritakeun deui, Situ Gunung téh lain situ alam. Situ Gunung ngahaja didamel ku jalmi. Nu ngadamelna nya éta Embah Jalun saparakanca. Kieu jujutan caritana! Geura regepkeun sing gemet!

            Embah Jalun kalebet kulawarga raja Mataram. Ramana janten pangagung di éta karajaan. Jenengan aslina téh nya éta Rangga Jagat Syahadana. Ramana Embah Jalun kalebet pajoang anu tanggoh. Anjeunna ngalawan panjajah Walanda dugi ka perlayana. Ahirna, kalungguhan ramana di karajaan Mataram dipasrahkeun ka Embah Jalun.  Sok sanaos anjeunna anom kénéh, namung da tos kamashur kasakténna. Janten pantes, upami Embah jalun janten pangagung téh.

            Dina hiji mangsa Embah Jalun ngantunkeun Mataram. Tempat anu dibujengna nya éta Banten. Maksadna mah hoyong sasarengan sareng Sultan Banten geusan bajoang ngalawan panjajah Walanda.

            Jalan ka Banten mah bénten sareng ayeuna.  Harita mah masih kénéh leuweung geledegan. Embah jalun katut parapangiringna ngalangkungan leuweung geledegan anu rembet ku tatangkalan galedé tur sasatoan anu garalak. Seueur jungkrang anu lungkawing sareng walungan anu arageung.  Atuh puguh wé lalampahanana téh sesah énggal dugina.

            Di satengah ngilalampahan, Embah jalun saparakanca sok ngaso di sababaraha wewengkon. Contona baé, di Cirebon, Sumedang, sareng Cianjur. Di éta wewengkon anjeunna teras-terasan bajoang. Malih, di Sumedang mah kantos katangkep ku musuh. Kitu deui, di Cianjur. Anjeunna baris ditibanan hukuman pati ku cara digantung. Untung baé Embah jalun téh kalebet pajoang anu sakti. Anjeunna tiasa kaluar ti panjara, sateuacan hukuman pati dilaksanakeun.

            Ti Cianjur neraskeun lalampahan ka Bogor. Jalanna ngaliwatan leuweung Gunung Gedé sangkan teu kasusud ku panjajah Walanda. Lalampahanana dugi ka hiji léngkob. Éta léngkob pohara éndahna. Lebah dinya aya walungan anu caina canémbrang hérang.

            Embah Jalun katut robonganana ngaso di éta tempat. Maksadna mah palay nyegerkeun deui salirana. Ma’lum tos nyorang lalampahan anu sakitu tebihna. Lami-lami diputuskeun kanggo ngababakan di dinya. Bumi kanggo panganjrekan diwangun ku cara gotong royong. Malih mah, anjeunna kantos ngadegkeun masjid. Dugi ka kiwari éta tempat katelah Gunung Masigit.

            Teu kantos lami, anjeunna kagungan putra. Jenengan putrana téh Rangga Jagat Jaka Lulunta. Nu sok disarebat Jalun, pondokna tina Jaka Lulunta.

            Ka dieunakeun, jenengan Jalun téh sok dianggo nyebat ramana. Hartosna, ka Rangga Jagat Syahadana nyebat Embah jalun. Nya ahirna, masarakat langkung mikawanoh kana éta jenengan. Tah, ti harita Rangga Jagat Syahadana katelah Embah Jalun!

            Kagungan putra téh kalintang bingahna. Saking ku bingah-bingahna, Embah Jalun kagungan nadar. Anjeunna badé ngadamel talaga anu teu tebih ti tempat panganjrekanana.

            Kaleresan aya hiji léngkob nu sumber caina saé pisan. Embah Jalun sareng pangiringna badanten. Nya, ahirna dicindekkeun yén éta léngkob badé dibendung ti palih kulon.

            Teu kacarioskeun lamina ngabendung éta léngkob, talaga téh tos ngajanggélék. Caina ngamplang tur canémbrang hérang. Kawantu sumber caina ti pagunungan. Éta talaga dugi ka kiwari disebatna Situ Gunung.

            Dina hiji mangsa Situ Gunung kapendak ku Walanda. Éta situ ditalungtik. Tétéla, situ téh sanés situ alam, namung ngahaja didamel.

            Lami-lami kasusud yén nu ngadamelna téh Rangga Jagat Syahadana nu nuju dipilari. Walanda satékah polah nyiar tarékah sangkan bisa nangkep Rangga Jagat Syahadana.

            Rangga Jagat Syahadana alias Embah jalun ahirna katangkep. Anjeunna baris ditibanan hukuman pati. Tempatna di alun-alun. Kiwari mah alun-alun Cisaat. Namung, ku kersaning Anu Maha Kawasa, Embah Jalun lolos tina bahaya maut. Anjeunna teu cios digantung dina tihang gantungan.

            Embah Jalun lolos tina hukum pati. Anjeunna neraskeun deui lalampahanana. Mung ayeuna mah henteu sareng pangiringna. Kulawargana ogé teu aya nu dicandak. Anjeunna angkat bari susulumputan. Jalanna ngalangkungan leuweung anu brasna ka Bogor.

            Lalampahan Embah jalun mung dugi ka Bogor. Anjeunna teu dugi ka Banten, margi kabujeng teu damang parna. Ahirna anjeunna pupus. Layonna dipendem di kampung Baru Bogor.

            Tah, kitu jujutan carita embah jalun anu ngawangun Situ Gunung!

            Sanaos embah Jalun tos taya dikieuna, Situ Gunung mah tetep dipiara ku kulawargana. Mung hanjakal, ka béh dieukeun karebut ku Walanda. Ku Walanda, éta situ diwangun deui janten tohaga. Malih, dicaketeunana diwangun hotél sagala. Katelahna hotél Situ Gunung. Dugi ka kiwari éta hotél téh aya kénéh.

            Kiwari Situ Gunung janten pangjugjugan balaréa. Anu piknik jul-jol ti mana mendi.

            Duka dugi ka iraha Situ Gunung tetep kamashur. Duka dugi ka iraha éta talaga tetep kakoncara. Tangtosna gé gumantung ka nu ngarawatna. Kalebet ngaraksa tur ngariksa leuweung. Leuweung Gunung Gedé sumber cai urang Sukabumi.
loading...

Post Anu Sanesna: