Tadina mah sok horéam baé ari rék balik ka lembur téh, barabé ku ongkos, tara mahi ku saeutik. Sanajan ngan ukur rérébuan, sok asa nyaah baé ku duit téh, da puguh sok ... ngagantianana. Asa hadé dibeulikeun keur kaperluan kuliah, mangpaatna leuwih karasa. Tapi indung jeung bapa mah pamikiranana sok béda deui, cenah :
"Ongkos-ongkos kitu, bisa kagantian. Tapi kasono Ema jeung Abah, moal bisa disisilihan. Kaluar duit gedé gé moal panasaran asal Nanang merlukeun balik sabulan sakali."
Enya kuring téh anak tunggal, teu adi teu lanceuk. Anu matak pantes, kanyaah indung jeung bapa, sakapeung mah sok asa kaleuleuwihan. Ari kuring lain teu sono. Tapi waktu samporét. Jeung keukeuh, haté mah teu téga baé, mun abah ngagantian urut ongkos téh.
Balik kuliah, nyampak di imah Si Tante nu dianjrékan ku kuring, ngasongkeun surat.
"Serat ti mana, Tante?" cék kuring.
"Ti lembur, Nang," témbalna.
"Ooooh ...." ceuk kuring bari nampanan surat.
Geuwat sisi amplop ku kuring disoéhkeun, eusina dicabut, bray dibébérkeun;
Nanang ...
Kumaha cageur? Abah jeung Ema gé Alhamdulillah teu salésma-salésma acan. Ku naon bulan ieu mah rada telat? Iraha Nanang rék balik ka lembur?
Perluna mah Nang, Abah rék tamada ka hidep. Éta mah rék dibeureum, rék dihideung, da kudu kitu cék paréntah Désa. Kamar hareup nu biasa paragi Nanang, dipaké ku Guru Inpres. Tadina mah Abah jeung Ema gé teu mikeun, tapi ari dipikiran deui, itung-itung timbal balik. Hidep cicing di imah batur, Abah kacicingan ku batur, sugan wéh ari Abah jeung Ema nyaah ka batur mah, hidep gé dipikanyaah ku batur.Tapi Abah jeung Ema gé teu lepas tina kawijaksanaan hidep. Ari kira-kira teu panuju mah, leuwih hadé mah balik heula ka lembur. Atuh satuluyna mah pék uruskeun ka Désa, da geuning Lurah gé ari nyanghareupan hidep langsung mah, sok rada béda. Teu siga ka Abah, sok rada wani.
Sakieu we heula, Nang. Ulah henteu kudu merlukeun, balik heula.
Nu sono ka hidep Abah jeung Ema.
Leng kuring ngahuleng. Tungtungna mah jadi ambek ka Lurah, asa diteungteuinganan. Geus puguh keur jaman Pemilu mah dipikangéwa, dicuriga milu ngampanyeukeun Partai Politik. Ayeuna kamar kuring pisan nu jadi sasaran, kalawan satengah maksa. Rék dikamanakeun hak azasi kuring? Awas manéh Lurah!
Harita kénéh kuring gesat-gesut dandan. Baju dua stel diasupkeun kana tas. Sanggeus amitan ka Si Tante, kencling indit, rék muru Stasion beus.
Kasampak Ema jeung Bapa keur di dalapur. Teu poho méméh tunya-tanya téh, munjungan heula.
"Jam sabaraha ti ditu, Nang?" Abah ngabagéakeun.
"Bada Lohor, Bah," ceuk kuring bari gék diuk dina dipan paranti ngarobrol, didapur.
"Kamar Nanang wayahna di tukang deukeut padaringan. Buku-buku kabéh geus dipindahkeun, ngan nu acan téh gambar-gambar nu narempel na bilik", cek indung kuring.
Kuring teu werat méré koméntar. Nu puguh mah ujug-ujug mentegeg. Asa dijajah. Si Guru na deui teu boga perasaan. Cik kahayang téh, ari numpang mah, tong sangeunahna. Sémah mah di kamar tukang gé teu nanaon. Olo-olo!
Ongkoh Lurahna deui, teu jeung adeuh! Abong-abong keur nyekel kakawasaan, sangeunahna pisan. Awas manéh Lurah! Didamprat siah ku aing!
"Ari ayeuna keur ka mana Si Guruna, Bah?" cék kuring ujug-ujug sugal.
"Keur ka mana nya Ma?" Abah kalah nanyakeun ka Ema.
"Apan ngajar soré ... Engké balikna téh méméh magrib...", témbal Ema.
"Di mana ngajarna téh, Ma?" kuring beuki keuheul.
"Di Lembur Cangkring, Nang", tembal Ema.
"Perlu disusul. Disusul ku abdi Ma. Asa teungteuingeun! Kahayang téh ari sémah mah kudu ngarti! Ulah réa ceta! Pan Abah jeung Ema gé terang, éta téh kamar kadeudeuh abdi? Meunang mémérés. Meunang ngabebetah. Kumaha mun aya babaturan abdi nu hayang nyaba ka dieu? Rék di mana saréna? Moal enya rék diteundeun gigireun padaringan? Bérés éta, abdi rék tuluy nepungan lurah!"
Ema jeung Abah teu ngawaler pasemonna alum, pikarunyaeun. Abah neuteup lalangit dapur, Ema kusay-kusey nyonyoo sisi sinjangna.
"Teu kudu disusul ayeuna. Nang. Engké gé balik...", saur Abah bari angger neuteup lalangit dapur.
"Enya, Nang anggursi geura dahar heula. Kabeneran aya pais lélé kabeuki Nanang. Geura tunda heula tasna ka kamar …", Ema mairan.
Rada ogé haté kuring kapepes, teu ngentab teuing kawas tadi. Enya kétah engké gé balik. Keun siah! Pokona rék laklak dasar. Da bongan Abah masrahkeun ka kuring. Perlu gelut, nya gelut. Demi keur ngabéla hak azasi.
Nungguan nepi ka waktu magrib, asa sataun. Sakitu geus kaselang ku dahar, ngaroko, solat Asar, ngaroko deui, ngopi ngaroko deui, leng wéh tunduh. Bari kuraweud, bleg kuring satengah ngabeubeutkeun manéh kana ranjang di kamar anyar kuring.
Der soré-soré gé maké kudu ngimpi sagala. Di dituna téh nyarékan Lurah, nyarékan guru Inpres sagala. Ngimpi dipatil lele. Ngimpi teu paruguh. Terusna mah poho deui.
"Nang Nanang ... geus Magrib Nang ....", sora Ema mencrong sisi ranjang. Panonna liuh pinuh ku kadeudeuh. “Geus balik Si Guru téh Ma?"
"Sssssst! Aya di kamarna keur solat!" Ema ngahuit ku haréwos.
Baruk? Kamarna? Puguh kamar aing! Ingkeun siah! rék diusir ku aing!
"Geura ka cai, Nang. Bisi kaliwatan waktu", saur Ema bari ngoloyong.
Sanggeus heuay sakali, kuring gigisik. Bari rada horéam, jarigjeug-jarigjeug kuring ka kamar mandi.
Sakitu keur kareuheulna, werat ogé hahariringan. Lagu "Kembang balebat" ngan apal sapotong, kaditunakeun mah disambung ku nunang-nunaning.
Beres mandi, terus abdas. Jetrék selot panto kamar mandi dibetot satakerna. Cleng ... kuluntang ninggang badeng.
"Nanaonan, Nanang?" Ema nyeukseukan di dapur.
"Selot coplok, Ma...", témbal kuring halon.
"Benerkeun?!" Ema nyentak.
"Ké tas salat," témbal kuring bari rusuh kaluar.
Sup ka kamar, cungas-cingeus sakeudeung. Ceg kana sajadah, bar diamparkeun. Gesat-gesut dangdan, rap disamping, bes dikopéah. Usoli wéh.
"Sajeroning Solat, haté mah teu panceg. Komo barang ngadéngé sora Ema ngomong ka hiji awéwé mah, Al Fatihah gé bulak-balik teu puguh. Duh hapunten Gusti, Solat kuring teu panceg. Ebat.
Dina rokaat katilu, pikiran rada dipuseurkeun. Unggal babacaan Solat ditarjamahkeun na haté. Pikiran manteng ka Gusti Allah, sangkan Solat ieu bisa ditarima sarta kacatet ku Malaikat.
Tapi keukeuh sora Ema kadenge baé: "Geura tuang heula, Neng..."
"Mangga..., Bu...", témbal sora awéwé halimpu.
Solat keukeuh ebat, dipanceg-pancegkeun ogé. Tungtungna mah teu wiridan-wiridan acan, geuwat wéh bijil ti kamar, panasaran.
Barang srog ka tengah imah, kuring ngagebeg, rey beungeut asa paranas ting sariak. Kumaha teu rék kitu,
"Si Guru" téh mencrong ka kuring, terus nyampeurkeun bari solongkrong ngajak sasalaman.
"Nepangkeun..., Hilda...," sorana halimpu.
"Nanang Mulyana...,” cék kuring gugup.
Kumaha teu rék gugup, Si Guru téh wanoja nu cék panenjo kuring mah kacida geulisna. Dangdananana kaasup ngota, sanajan basajan potonganana.
"Pek rék dahar mah, Nang. Baturan Neng Guru...", cék Ema ka kuring. Kuring beuki gugup. Ema imut.
"Ari Abah ka mana, Ma?" cék kuring tamba éra.
"Di tajug rék terus kumpulan, cenah. Ka imah Wakil," tembal Ema bari terus ngoloyong ka tepas imah.
"Di tengah imah kuring juntang-janteng teu puguh, "Si Guru" miheulaan diuk na korsi meja makan.
"Sok atuh, Kang Nang...", pokna bari mangedukkeun sangu keur kuring.
"Wios, keun ku abdi...", ceuk kuring bari rék ngarebut piring alas. Tapi manéhna keukeuh hayang nyadiakeun alas keur kuring. Tungtungna mah éléh déét, gék kuring diuk peuntaseun manéhna, nyanghareupan idangan bari tungkul.
Piring alas keur kuring geus ditunda hareupeun. Manéhna terus ngeduk sangu keur piring alasna. Kuring héran, bet manéhna mah teu bangun gugup. Kalem wéh kawas "tuan rumah".
Basa kuring tungkul baé, manéhna ngomong semu nu heureuy: "Kade sendok kahuapkeun, Kang Nang."
Puguh wéh kuring jadi ruy-rey éra. Da saenyana atuh, huap téh jadi teu paruguh. Untung teu kana mata oge tah séndok téh. Ih geulis-geulis resep banyol! Geus wéh aing jadi leuwih gugup. Si ... Si mencrang téh siah!
Dahar karasana teu puguh lar supna. Unggal rada tanggah, kuring teu kuat lila pateuteup jeung panonna nu cureuleuk. Jantung asa coplok mun kaparengan manéhna imut. Napsu tadi sore, lus-les laleungitan, kuring bobor karahayuan. Éléh jajatén, murungkut kawas hayam jago pacundang.
Rérés dahar, kuring geuwat cengkat. Manéhna imut deui. Jantung beuki ngaguruh, tingsérédét. Naha bet jadi kieu? Geuwat kuring asup deui ka kamar, cungas-cingeus. Porosot samping sarung diudar, terus diganti ku calana panjang. Kopéah dialungkeun kana luhureun kasur. Sewuk nyisiran. Dangdak-déngdék, siiip... weh!!!
Barang rék kaluar, sup Ema asup, bari pok nanya:
"Arék, ka Lurah téh, Nang?"
"Horéam ah, Ma...", témbal kuring bari seuri.
"Naha?" Ema naros bari gumujeng.
"Laleuleus," tembal kuring saengangsa.
"Ari ayeuna rék ka mana nyah?"
"Moal ka mamana".
"Geuning dangdan?" Ema ngadesek kuring.
"Ihhhh... ari Ema. Ambéh rada gaya wéh ieu mah. Éra atuh ku Neng Guru, moal enya aya Mahasiswa sendal-sendul siga gémbél", témbal kuring rada keuheul.
"Oooh ... rék nyinting nyah?" Saur Ema bari gumujeng, terus ngoloyong.
Sigana mah kuring téh ari aya di lembur, tara betah di imah. Peuting harita mah asa dipancir kana korsi.
Neng Guru ngobrolna lancar teu asa-asa. Ti mimiti ngobrolkeun sual ngajar, tepikeun ka nyaritakeun suka dukana jadi Guru, kuring ukur molohok mata simeuteun, asa ngimpi nyanghareupan widadari.
Tadina mah di lembur téh rék sapoé, diitung-itung geus saminggu leuwih. Ka Neng Guru bororaah hayang ngusir, mun bisa mah sina salilana ngeusian kamar kuring. ***
(Kungsi dimuat dina Manglé No. 657 ping 16 Nopember 1978)
loading...