5 Dongeng pendek terpopuler bahasa sunda


5 Dongeng pendek terpopuler bahasa sunda


#1.Sakadang kuya jeung monyet ngala nangka

Kacaturkeun... Aya Sakadang Kuya jeng Sakadang Monyet. Eta Kuya jeung monyet teh estuning nyobat dalit pisan.

Hiji peuting, Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet sararé di sisi leuwi, dina tangkal kiara. Sakadang Monyét saré dina dahan anu panghandapna. Ari Sakadang Kuya saré dina sela-sela akar kiara. Henteu pajauh. Maksudna sangkan bisa ngobrol méméh saré. Atawa bisa silihgeuingkeun mun aya nanaon. Ari dug, ari ker duanana saré tibra.

Tengah peuting, Sakadang Monyét nyaring. Tuluy ngageroan Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya, ieuh, Sakadang Kuya! Hudang sakeudeung!”
“Aya naon Sakadang Monyét?”
“Uing ngimpi manggih tangkal nangka, buahna mani leubeut.”
“Di mana?”
“Di tengah leuweung. Tapi dina impian téh dituduhkeun lebah-lebahna ogé.”
“Keun isukan urang téang. Ayeuna mah urang saré deui wé da peuting kénéh!” ceuk Sakadang Kuya.

Ngadéngé jawaban kitu, Sakadang Monyét saré deui. Meni dug-ker. Ari Sakadang Kuya mah rada hésé kana saré deuina téh. Keur kitu, kadéngé Jang Onyé ngalindur. Cenah, “Ah, isukan mah rék ngala nangka. Diala ku sorangan, da Sakadang Kuya mah teu bisaeun naék. Didahar kabéh ku sorangan, Sakadang Kuya mah ku uing moal dibéré.”

Ngadéngé kitu, Sakadang Kuya ngahuleng, mikiran caritaan Sakadang Monyét. Tuluy néangan akal, sangkan teu kalicikan ku Sakadang Monyét. Sanajan lila ulengna, tapi teu burung kapanggih ogé. Geus kitu mah, reup baé Sakadang Kuya téh saré deui.

Isuk-isuk, wanci carangcang tihang, Sakadang Monyét geus hudang. Jrut turun tina dahan tempat saréna. Tuluy baé ngaguyah-guyah ngahudangkeun Sakadang Kuya.

“Yeuh, Sakadang Kuya, hudang! Hudang, huy! Hayu urang néang nangka téa!” ceuk Sakadang Monyét.

Sakadang Kuya hudang, nololkeun sirahna, pok ngomong, “Ké atuh Sakadang Monyét, ayeuna mah isuk kénéh!”
“Ih, engké mah bisi kaburu diala ku batur!”
“Apal henteu jalanna?”
“Ih, puguh wé, da dina impian téh dituduhkeun lebah-lebahna.”
“Hayu atuh!”

Bring éta dua sobat anyar téh indit ka jero leuweung. Inditna teu bisa gancang, sabab Sakadang Kuya mah leumpangna boyot. Kira-kira wanci pecat sawed, kakara nepi ka nu dituju. Enya wé, henteu salah impian Sakadang Monyét téh. Di dinya aya tangkal nangka sagedé beuteung munding. Buahna leubeut tinggarayot dina dahan-dahanna.

“Sok-sok atuh geura naék, ulah ngahuhuleng baé!” ceuk Sakadang Kuya ka Sakadang Monyét.
“Ké heula, gampang naék mah. Ngan uing téh teu nyaho, kumaha carana ngabédakeun nangka anu geus asak jeung nangka anu atah kénéh,” ceuk Sakadang Monyét.

Sakadang Kuya seuri leutik ngadéngé omongan Sakadang Monyét kitu téh. Asa manggih jalan pikeun metakeun akalna, anu meunang mikiran tadi peuting. “Gampang atuh ngabédakeunana mah. Ditepakan wé. Lamun sorana plék-plék-plék, tandana éta nangka geus asak. Lamun sorana pluk-pluk-pluk, hartina atah kénéh,” ceuk Sakadang Kuya.

Henteu talangké deui, térékél Sakadang Monyét naék kana tangkal nangka. Gugurayangan. Ceuk pikirna, “Si Kuya mah rék dibéré anu aratah baé, ari anu arasakna keur uing, rék didahar di luhur ku sorangan.” Terus nepakan nangka anu ngagarayot. Anu sorana plek-plek-plek dirawatan ku manéhna. Ari anu sorana pluk-pluk-pluk mah dipuragkeun bari ngajorowok, “Tah, Uya, méré nangka. Pék wé dahar ku sorangan. Lamun hayang nu asak, naék ka dieu!” cenah.

Sakadang Monyét tuluy ngagorogotan nangka dina luhur tangkal. Leungeunna, sungutna, malah sukuna ogé pinuh ku geutah. Ari sababna, nangka anu didaharna téh nangka atah. Sakadang Monyét teu nyahoeun, saenyana nangka asak mah lamun ditepakan téh sorana ngagepluk, lain ngageplék.
“Aha euning Huya, angkra téh atrah,” ceuk Sakadang Monyét, ngomongna teu béntés, lantaran biwirna rapet ku geutah nangka. Sakadang Kuya teu némbalan.

Ari rét Sakadang Monyét ningali ka handap, katémbong Sakadang Kuya keur ngalimed baé ngadaharan nangka asak. Karonéng jeung seungit deuih. Malah nangka téh ampir béak, tinggal jaramina jeung sikina anu balatak di sabudeureunana.

Sakadang Monyét kacida kagétna. Geus teg baé boga rasa yén manéhna geus kabelejog ku Sakadang Kuya. Buru-buru manéhna tuturubun nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.

“Emh, Sakadang Kuya mah teungteuingeun, nangka asak didahar ku sorangan,” ceuk Sakadang Monyét.
“Apan ieu ogé paméré ti Sakadang Monyét, da uing mah teu bisa naék,” témbal Sakadang Kuya.
“Cing atuh uing ngasaan nangka asak, da anu didahar ku uing mah nangka atah!”
“Tah, aya sanyamplung deui!” ceuk Sakadang Kuya.

Nangka anu sanyamplung téh dicokot ku Sakadang Monyét, tuluy didahar. Enya wé ngeunah, amis kareueut. Sakadang Monyét gantung teureuyeun. Ménta deui ka Sakadang Kuya, puguh da geus béak.
“Sakadang Kuya mah kawas lain jeung sohib baé!” ceuk Sakadang Monyét bari jamedud. Tuluy lumpat, térékél naék kana tatangkalan, indit ninggalkeun Sakadang Kuya. Sakadang Monyét téh pundung tayohna mah.
Sanggeus kitu mah, Sakadang Kuya ogé balik deui ka tempat asalna. Leumpangna beuki ngadédod baé, lantaran beuteungna seubeuh teuing ku nangka.

#2. Lutung kasarung

Kacaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti praméswari Niti Suwari kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua Purbaéndah, nu katilu Purbadéwata, nu kaopat Purbakancana, nu kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih jeung nu katujuh Purbasari.
Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun ngabagawan, badé tatapa di leuweung.

Nu dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara téh lain Purbararang putra cikal, tapi bet Purbasari, putra bungsu.

Atuh munasabah baé, Purbararang asa kaunghak. Amarahna teu katahan, asa dihina asa ditincak hulu. Purbasari diusir ti dayeuh dibuang ka Gunung Cupu.
Kacaturkeun di Kahiangan, Guruminda, putra déwata cikalna, titisan Guriang Tunggal, ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu. Saur Sunan Ambu, “Jung, geura boro pijodoeun hidep. Aya nu sakarupa jeung Ambu. Tapi…ulah torojogan, anggo heula ieu raksukan…lutung!”

Janggélék Guruminda minda rupa jadi lutung, katelah Lutung Kasarung.
Kocap deui di nagara Pasir Batang. Prabu Tapa Ageung ngersakeun hayang tuang daging lutung. Nya nimbalan Léngsér kudu mentés Aki Panyumpit ngala lutung ka leuweung.

Aki Panyumpit gasik ngasruk leuweung néangan lutung. Tapi dadak sakala, leuweung jadi sepi taya sasatoan. Bororaah sato kayaning peucang jeung lutung, sireum ogé taya nu ngarayap cék wiwilanganana mah.
Aki Panyumpit téh méh pegat pangharepan. Barang rék mulang, dina tangkal peundeuy bet kabeneran manggih lutung keur guguntayangan. Ari rék disumpit, celengkeung téh lutung nyoara: “Éh, Aki, bet kaniaya. Ulah disumpit! Kuring téh rék ngaku bapa pulung ka Aki. Hayang betah di dunya, hayang nyaho anu dingaranan karaton.”
“Sukur atuh, sok geura turun,” walon Aki Panumpit bengong, aya lutung bisa ngomong. Singhoréng Lutung Kasarung téa. Déwata minda rupa turun ka dunya.

Lutung Kasarung dibawa ku Aki Panyumpit, dihaturkeun ka karaton. Tapi barang rék dipeuncit, taya pakarang nu teurak. Sang Lutung teu bisa dirogahala. Tungtungna mah, saur Ratu, “Léngsér pasrahkeun baé ka anak kami, sugan butuh keur pibujangeun.”
Nya atuh ku Léngsér dipasrahkeun ka Purbararang. Ari walonna téh bet: “Daék sotéh ngabujangkeun, lamun jalma nu utama. Mun lalaki turunan mantri, ari lutung mah sangeuk teuing!” Deregdeg léngsér ka putra nu kadua, teu ditampa. Ka anu katilu, nya kitu kénéh. Pajarkeun téh, lain teu hayang nampa, ngan sieun ku Si Tétéh.

Léngsér mulang deui ka Purbararang, pokna téh,” Nya sok baé atuh, bisi pajar nampik pasihan rama.”
Lutung kasarung tetep di karaton. Belenyeng lumpat ngintip para mojang nu lalenjang keur ngagembrang ninun.
Keur jarongjong ninun, ari koloprak téh taropong Purbararang moncor ka kolong balé.

“Cing Adi, pangnyokotkeun taropong!”
“Ih, Tétéh, apan boga bujang lutung,” Cék Purbaleuwih.
“Cing lutung pangyokotkeun taropong di kolong balé!”
Deregdeg lutung lumpat. Ulang-ileng, top taropong dicokot. Ari béréwék téh dibébékkeun mani jadi lima, sor disodorkeun!
“Jurig lutung, taropong aing sabogoh-bogoh dibébékkeun! Léngsér! Teu sudi kami mah, anteurkeun Si Lutung ka Si Purbasari di leuweung!”
Jut Léngsér turun, Lutung unggeuk, tuluy nuturkeun. Lutung Kasarung ditampa ku Purbasari.
“Éh Mama Léngsér, geunig Si Tétéh aya kénéh adilna. Kajeun lutung, tamba suwung. Kajeun hideung, tamba keueung nu di leuweung. Kajeun goréng, tamba jempé nu nyorangan. Hatur nuhun béjakeun ka Si Tétéh.”
Tutas haturan, Léngsér mulang ka karaton.
Caturkeun di sisi leuweung. Purbasari ngagolér dina palupuh sabébék, di hateup welit sajalon. Lutung kasarung ngangres ningal kaayaan putri. Rep Sang Putri disirep.

“Utun, urang saré jeung kaula. Kula mah banget ku tunduh!”
“Oaah, Sang Putri, lutung mah tara saré jeung manusa, bisi geuleuheun!”
Reup Putri Purbasari kulem tibra pisan.
“Éh, deudeuh teuing. Putri téh nalangsa pisan. Aing rék nénéda ka Sunan Ambu, neda sapaat para bujangga, niat misalin Sang Putri meungpeung saré,” gerentes Lutung Kasarung, Guruminda mamalihan.
Raksukan digédogkeun, bray baranang siga béntang, kakasépan Guruminda kahiangan. Panejana tinekanan, sajiadna katurutan. Jleg ngajenggléng karatonna, leuwih agréng ti nagara. Purbasari dipangku, diébogkeun dina kasur tujuh tumpang, disimbut sutra banggala, disumpal ku benang emas. Janggélék Gurumiinda jadi lutung deui, tapakur di sisi balé kancana.

Kabeungharan jeung kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir ka nagara. Purbararang, nu goréng budi ti leuleutik, nu goréng lampah ti bubudak, beuki tambah sirik, beuki tambah ceuceub. Rupa-rupa akal dikotéktak, sangkan aya alesan keur ngarah pati Purbasari.

Mimitna Purbasari diperih pati, kudu bisa mendet parakan Baranangsiang, leuwi Sipatahunan. Mangka saat sapeuting. Mun teu bukti teukteuk beuheung keur tandonna.

Ku pitulung Lutung Kasarung, dibantu Sunan Ambu jeung para bujangga, ieu tanjakan téh laksana.

Tuluy Purbasari dititah ngala banténg ti leuweung. Ku kasaktén Lutung Kasarung, banténg téh katungtun ku Purbasari ka nagara.
Purbasari dipentés nyieun pakarang tatanén étém bingkeng jeung jarum potong, jeung ditangtang pahadé-hadé ngahuma. Geus tangtu Purbasari dibéré pasir anu pangangar-angarna, ari Purbararang mah di tempat nu hadé. Tapi Purbasari unggul kénéh.

Rupa-rupa ékol Purbararang, antukna Purbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan, paloba-loba samping, papanjang-panjang buuk, pageulis-geulis rupa. Tapi rayat jeung jaksa nagara mutus teu weléh Purbasari anu unggul.
Tungtungna Purbararang pinuh ku haté dir jeung ujub, ngajak pakasép-kasép beubeureuh, Sagoréng-goréngna beubeureuh manéhna, da pubuh manusa, kakasih Indrajaya. Sakasép-kasépna beubeureuh Purbasari, lutung.
Purbasari éléh, tenggekna kari saketokkeun diteukteuk.

Cunduk kana waktuna, Lutung Kasarung manggih putri panyileukanana. Putri nu sasorot jeung Sunan Ambu, Purbasari. Lutung Kasarung ngagédogkeun raksukanana, baranyay hurung, janggélék jadi Guruminda deui.

Indrajaya ngamuk, tapi teu bisa majar kumaha, kaungkulan kadigjayaanana.
Purbasari ngadeg ratu di Pasirbatang, jadi praméswari Guruminda. Ari Purbararang jeung sadérékna nu opat deui, dihukum kudu jadi pangangon. Indrajaya mah dihukum jadi pangarit, dibekelan arit timah. Ngan anu pangais bungsu, Purbaleuwih, anu welasan ti baheula ka Purbasari, ditikahkeun ka Ki Bagus Lembu Halang, ciciptaan tina raksukan Lutung Kasarung jadi papatih di Pasir Batang.


#3.Hayam kongkorongok subuh

Kacaritakeun jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka kahiyangan. Unggal isuk eta oray teh osok dangdan mapantes maneh. Tapi keukeuh teu ngarasa ginding lantaran teu boga perhiasan, mangkaning arek ngadeheus ka dewa.

Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna sakadang titinggi, maksudna arek nginjeum tanduk ka sakadang jago haritamah jago teh aya tandukan menta di anteur ka titinggi. Sanggeus aprok dicaritakeun sakabeh pamasalahan naga ka jago. Maksudnamah nginjeum tanduk ka jago, engke dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi cak sakadang naga.

Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga ngarayu, jago oge merekeun tandukna ka sakadang naga. Cak naga ka jago “engke tandukna dibalikeun deui dianteurkeun ku titinggi samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh kongkorongok sing tarik.”

Geus kitumah jung weh naga jenug titinggi the arindit. Isukna samemeh balebat hayam jago kongkorongok satakerna. Sakali dua kali titinggi teu datang wae, terus jago teh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep titinggi teu dating keneh bae. Nepi ka brayna berang titinggi teu datang-datang.

“Keun sugan cenah peuting engke” pok hayam teh. Tapi weleh ditunggu nepi kasubuh titinggi teu dating keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka nyancam lamun titinggi dating arek di pacok nepikeun ka paehna.

Ti harita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung titinggi sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.


#4. Situ bagendit

Jaman baheula di hiji lembur aya randa beunghar, ceuk paribasana beungharna Nyi Randa téh éstu lubak-libuk sagala boga. Kakayaanana bru di juru bro di panto.

Éta Nyi Randa téh katelahna Nyi Endit. Awakna jangkung rada ngeusi tapi sorana cempréng. Mun pareng nyarékan bujangna atawa barudak sok laklak dasar bari sorana matak katorékan. Rupana henteu geulis kitu wé saperti urang lembur nu séjén kasebut ngan ukur jajar pasar. Tapi lantaran perbawa kabeungharanana, manéhna asa panggeulisna di lembur éta téh. Sapopoé gawéna ngan ukur midang némbongkeun papakéan jeung perhiasan emas berlian anu sarwa alus. Kongkorong emasna sagedé nyéré digantelan ku liontin sagede jengkol. Beulang kénca katuhu bari alina reunceum dina ramona. Jaba ti éta antingna guntang-gantung beuki tambah gonjleng. 

Dahareunana, unggal poé ngajagrag dina méja. Iwal ti sangu jeung deungeunna dina méja séjén aya rupa-rupa bangbuahan. Éta kadaharan anu sakitu ngaleuyana téh éstu tara kasoro ku batur, sanajan di imahna téh aya nu babantu. Jadi sanajan loba dahareun gé, Nyi Endit mah tara daék barangbéré ka batur. Tah najan paparéntah kana gawé mah ceréwéd pisan ka bujang téh ari muruhan mah itungan pisan. Ku kituna, ku urang dinya mah Nyi Endit téh katelah Nyi randa medit. Batur salemburna geus apal pisan, meditna Nyi Endit lain baé karasa ku bujang-bujangna tapi ogé karasa ku batur salemburna. Nyi Endit mah tara daék campur jeung urang lembur da cenah sieun karebut harta bendana, tara daék méré sumbangan keur nu miskin. 

Mun pareng aya nu baramaén ngalanto ka buruanana sok nitah bujangna ngabuburak, ngusir nitah jaun ulah asup ka buruan. Di lembur éta Nyi Endit siga pisan nu hirup sorangan teu maliré ka tatangga, tara daék nulung ka nu butuh tara daék nalang ka nu susah. Sapopoéna nu diriksa ditalingakeun téh ngan ukur harta bandana, sieun aya nu leungit sieun aya nu maling. Leuit nu ngajajar digembok dikoncian, pakéan ditumpuk-timpuk dilomarian, duit disumput-sumput dina handapeun kasur.

Dina hiji poé ka buruanana aya hiji aki-aki. Awakna begéng bari geus bongkok, maké dudukuy samak geus rawing, léngkahna dibarengan iteuk, pakéanana rudin kuleuheu. Éta aki-aki teu kanyahoan ti mana jolna ujug geus ngajengjen hareupeun panto bari pok uluk salam ka nu boga imah. “Assalamualaikum, nu kagungan bumi aya linggih? Punten aki kamawantun … nyuhungkeun sangu sakedik mah… lapar aki téh”. Kitu pokna bari brek diuk dina émpér.

Barang Nyi Endit ngadéngé aya nu pupuntenan bari rék ménta sangu, gancang baé mukakeun panto. Nyi Endit ngabedega dina panto bari tutunjuk, pok ngagorowok “Naon ménta sangu.. naha kami boga dahareun téh beunang barangpénta kitu. Lapar... Usaha atuh lain baramaén”. Nyi Endit pohara ambekna kadatangan aki-aki téh. Lin baé tutunjuk ngusir tapi bari jeung nyuntrungkeun aki-aki ti émpér ka buruan. “Ka ditu indit montong datang ka dieu” bari nitah badegana ngusir aki-aki ti buruanana. Aki-aki teu bisa kumaha, terus ka luar ditungtun ku tukang kebon. Hatena pohara nyerina ngadéngé babasan Nyi Endit anu kasar, ngusir asa popohoan pisan. 

Barang geus kaluar ti buruan Nyi Endit, éta aki-aki téh teu aya nu nganyahoankeun kamana léosna, tingal iteukna wé nanceb diburuan Nyi Endit, poho mawa meureun aki-aki téh. Ambekna Nyi Endit acan leler, rét kana iteuk anu nanceb, sérénténg baé, iteuk dicabut bari dibalangkeun ka jalan. Tapi anéh bin ajaib, tina tapak iteuk dicecebkeun téh bet bijil cai mancer kaluhur. Beuki lila beuki gedé ngaburial ti jero taneuh nepi ka ngagulidag minuhan buruan. Nyi Endit pohara reuwasanana, manéhna gogorowokan ka bujang-bujangna nitah nyocokan liang cai. Tapi cai lain ngorotan malah beuki gedé, terus lebleban ngeueum sagala nu aya kaasup imah jeung harta banda Nyi Endit. Nyi Endit jejeritan ménta tulung bari teu leupas ngagagandong harta emas berlianana. Tatangga boro-boro hayang nulungan, kabéh mupuas da bongan manéhna gé tara daék tutulung ka batur. 

Cai anu bijil tina iteuk aki-aki téa beuki gedé ngumpul ngabalong. Imah Nyi Endit ngalelep kakeueum cai, Nyi Enditna tembong ngangkleung di tengah cai bari keukeuh nanangkeup gembolan barang-barangna. Teu kungsi lila Nyi Endit teu tembong deui ngilu tilelep ka jero cai. Éta cai nu terus ngagulidag, beuki lila terus ngabalong gedé pisan nepi ka jadi situ. Éta situ nepi kiwari katelah Situ Bagendit. Pernahna di wewengkon Kabupaten Garut. ( Sumber: Helins / Mangle No. 2281) 

#5. Dongeng Tataran Sunda (Nyi Roro Kidul ti Wewengkon Tasikmalaya)

Kacaturkeun jaman baheula aya hiji awéwé, anu kacida geulisna tur kasaktiannana gé taya nu nandingan. Ngan  hanjakalna, éta awéwé téh sarakah, ngabogaan 99 salaki, tapi kebéannana maraot dina peutingan panganténan. Cenah mah , dipaéhan  ku sabangsa oray nu kaluar tina larangan Nyi Putri.

Kasaktian jeung kageulisan Nyi Putrinepi ka hiji lalaki nu apaleun kana rusiah Putri. Tuluy baé ngalamar jadi salaki Nyi Putri nu saratusna. Pikeun ngéléhkeun Nyi Putri, salakina puasa tur tapa geni. Dina hiji peuting, salakina kawénéhan nangkeup oray nu kaluar tina larangan  pamajikannana. Tapi Nyi Putri kaburu hudang bari ngamuk, nepi ka garelut. Tarung salaki jeunf pamajikan téh regot kacida. Nu antukna keris Nagasastra, nu ngawujud oray téh bisa karebut ku salakina. Ceuk sakaol, keris Nagasastra téh mibanda sifat jahat. Sing saha baé nu ngabogaan éta keris, éta jalma ngagem élmu sasar, nu  teu luyu jeung papagon agama.

Sanggeus éta keris di ckel ku salakina, Nyi Putri lumpat sataker kebek. Ku salakina diudag nepi ka sisi basisir Laut Kidul. Tapi teu beunang sabab Nyi Putri kaburu ngajeburkeun manéh ka laut. Sanajan Nyi Putri geus éléh, tapi manéhna embung sadar  tur teu narima éléh, kalah kabur  ka tengah laut miboga niat hayang naklukeun sarta ngawasa alam dunya. Sabada tilem ka jero laut Nyi Putri  katelah Nyi Roro Kidul.

Nepi ka kiwari, upamana aya jalma nu sombong tur adigung-adiguna sarta goréng adatna tur kalindih, ceuk sakaol mah Nyi Roro Kidul sok wera, sabab ngarasa kasaing tur kalindih. Cek sakaol ogé, cunah upama pareng rék ngalanto ka Laut Kidul teu menang maké baju rupana beureum , sabab ceunah sok aya ombak anu kacida gedéna. Lian ti éta, nu datang ka Laut Kidul ulah mawa péso nu tungtung gagangna aya tandukan, boh nu leutik boh nu gedé, sabab ku cara kitu gé, Nyi Putri ngarasa kalindih tur ngarasa aya saingana. Sabab ngarasa dirina nu pangheulana boga éta péso sarta nganggap dirina Ratu Alam Dunya nu pang punjulna sa jagat raya.

Lajeung kanu sanesna :  Carpon bahasa sunda
                                                   Puisi lucu bahasa sunda
                                    Dongeng sunda fabel
                                    Kumpulan bobodoran sunda lucu
loading...

Post Anu Sanesna: