5 carpon bahasa sunda legendaris si kabayan

Kabayan mangrupakeun hiji tokoh watak anu osok dipake dina carita pondok atawa carpon bahasa sunda, dihandap ieu pedaran carita anu dilalakonan ku si kabayan.


5 carpon bahasa sunda legendaris si kabayan

#1.Si Kabayan ngala nangka


Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. “Nu kolot ngala nangka téh, Kabayan!” Ceuk mitohana. Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka. Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus kolot hiji tur gedé pisan. Tuluy waé diala. Barang dipanggul kacida beuratna.

“Wah, moal kaduga yeuh mawana, “ pikir Si Kabayan téh. Tuluy wé nangka téh ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!” ceuk Si Kabayan téh nyarita ka nangka.

Barang tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.

“Kabayan, meunang ngala nangka téh?”

“Komo wé meunang mah, nya gedé nya kolot,” témbal Si Kabayan.

“Mana atuh ayeuna nangkana?” Mitohana nanya.

“Har, naha can datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si Kabayan téh.

“Ari manéh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!” Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan.

“Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik,” ceuk Si Kabayan bari ngaléos.

(Tina Lima Abad Sastra Sunda, karya Wahyu Wibisana, spk,) 

#2.Si kabayan Ngala tutut


Cék Ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.”

Cék Si Kabayan, “Ka mana ngalana?”

Cék ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru geura.

Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong tututna loba, lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh kalangkang langit. Cék Si Kabayan dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina caina. Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta tutut téh sok dialaan ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.”

Geus kitu mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana nyéré, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna dék ti kajauhan baé ngala tutuna moal deukeut-deukeut sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut méh sapoé jeput, tapi teu aya beubeunanganana, ngan ukur hiji dua baé. Kitu ogé lain beunang ku leugeut, beunang sotéh lantaran ku kabeneran baé. Tutut keur calangap, talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi beunang. Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah éta leugeut téh teu daékeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleueuran. Di imah ku ninina didagoan, geus ngala salam, séréh jeung konéng keur ngasakan tutut. Lantaran ambleng baé, tuluy disusul ku ninina ka sawah. Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan tutut.

Cék ninina, “Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?”

Cék Si Kabayan, “Kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi ka katémbong langit.”

Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun brus ancrub ka sawah.

Cék Si Kabayan, “Heheh él da déét.”

Dicutat Tina: Lima Abad Sastra Sunda.

#3.Si Kabayan ngawas ujian budak sakola


duka timana alesanna si kabayan meunang tugas ngawas ujian budak sakola SMP.. singketna carita nalika keur ujian matematika di kelas anu simpe jempling teu kadenge sora jangkrik-jangkrik acan…. na ari peledek teh bau hitut… bau anu bener-bener bau…. atuh para siswa teh jadi rame pada nutup irungna masing-masing….  ngan si kabayan nu teu nutup irung teh da rumasa meureun….  supaya ulah kapanggih si kabayan akhirna nyarita bari jiga anu rada nyentak…”siapa ieu teh yang teu sopan …hitut di jero kelas…”
Barudak teh saling tuduhkeun ka babaturanna bari heureuy….  akhirna si kabayan nyarita kieu “..ehem… bapa apal saha anu hitut…. engke ku bapa dibere jawaban soal ujian kanu ngaku hitut….”
na atuh ari cung teh kabeh pada ngaku hitut…abdi pa….abdi pa…

#4.Meuleum lauk


Ku bapana. Si Kabayan dititah masantrén di hiji lembur nu rada mencil. Masih kénéh tradisonal pasantrénna téh. Saréna di kobong ngampar samak jeung sababaraha urang baturna. Daharna sangu liwet. Ngaliwetna reremenna mah sorangan-sorangan, tapi sakapeung mah babarengan. Mun ngaliwetna dihijikeun sangu liwetna ditamplokeun kana cécémpéh nu diamparan daun cau, terus didalahar babarengan.

Deungeun sanguna saaya-aya. Mun tas balik mah teu hésé, dan dibekelan ku kolotna, surundéng, kéré lauk, jeung sajabana. Mun teu boga deungeun sangu, Si Kabayan sok nyair di solokan leutik nu teu jauh di kobongna sakalian bari néangan suluh keur ngaliwet, kawantu jaman baheula mah teu usum minyak tanah atawa LPG. Mun nyair, sakapeung teu beubeunangan, sakapeung mah meunang berenyit, lélé, hurang, belut, jeung lauk nu palid ti balong.

Hiji mangsa, waktu isuk-isuk nyair di solokan, Si kabayan meunang anak lauk emas sagedé indung leungeun dua siki. Atuh atoheun pisan. Laukna diteundeun buni pisan, bisi dihakan ucing. Si Kabayan ngaliwet, sanggeus asak teu terus meuleum lauk.

“Moal waka dibeuleum bisi babaturan ménta, engké uing moal kabagéan,” ceuk haténa. Atuh baturna dalahar, Si Kabayan mah kalah ka kekedengan.

“Can hayang dahar, teu ngarareunah awak,” pokna waktu ditanya kubabaturanana.

Réngsé dalahar babaturanana kalaluar ti kobong rék arulin, Si Kabayan hudang, terus muru hawu. Ngan seuneuna geus pareum, geus euweuh ruhayan, malah hareupeun hawuna dihéésan ucing. Ku Si kabayan ucingna digebah, tuluy mirun seuneu, suluhna tapas. Sanggeus tapasna ruhay, anak lauk emas dibeuleum. Bari ngadagoan beuleum lauk asak, Si Kabayan ngala céngék ti pipir kobong, diréndos makeé uyah dina coét.

Geus kitu, ngeduk liwet tina kastrol, diwadahan kana piring séng. Si Kabayan muru hawu, leungeun katuhuna nanggeuy piring séng, leungeun kencana nyekel coét. Barang diteang, tapasna geus pareum kawntu tapasna ngan hiji, malah geus ampir jadi lebu. Atuh beuleum laukna téh kurumuy, hideung jeung pinuh lebu, geus teu mangrupa lauk. Ku Si Kabayan dikoréhan. Kacida pisan heraneunana, sabab beuleum laukna téh ata tilu.

“Ti mana hiji deui? Tadi mah meuleumna ngan dua. Babaturan pohoeun kitu? Ah, milik mah timana waé,” ceuk Si kabayan dina haténa.

Si Kabayan nyait beuluem anak lauk emas hiji, diasaan , enya lauk, lauk nu hiji beak, Si Kabayan nyait deui lauk nu hiji deui. Diasaan heula, bener lauk. Si Kabayan nuluykeun deui daharna sangu liwetna, mani ngalimed. Ku sabab lapar kénéh, Si Kabayan nyiuk deui sangu, terus nyait beuleum lauk nu katilu. Waktu diasaan, Si kabyan nyengir, sabab rasana haseum jeung bau. “Ucing bangkawarah,” pokna gegelendeng, léos ka cai, kekemuna leuwih ti sapuluh kali.

#5.Si kabayan jeung nyi iteung


Kacaturkeun di lembur Salikur Rahul keur mangsana usum langlayangan. Abong heueuh keur usumna, nu maraen langlayangan teh sihoreng lain ngan ukur barudak, tapi oge aki-aki jeung nin …….. eh, bit ! Euweuh ketang nini-nini mah !
Si Kabayan teu tinggaleun, harita teh keur getol nyieunan langlayangan keur pakeeun jeung keur jualeun. Lumayan cenah keur meuli suluh ! Da nyaeta ari kudu ngala sorangan mah sangheuk cenah, bongan sok matak cape !
Urang susul nurutkeun judul, urang teang gancangna carita, tengah peuting keur jemplang jempling Si Kabayan ngahariring lir anu keur humarurung, aeh tibulak, kuduna mah humarurung lir ucing gering keur ngahariring, atra pisan kadengena ku sang garwa, Si Kabayan lir nu gering kanyenyerian. Atuh geuwat Raden Ajeng Nyai Iteung ngorejat hudang, seja narok aeh nakon ingkang panutan, na ku naon bet humarurung kawas nu nguyung.
Kieu cenah gunem caturna Si Kabayan (K) jeung Nyi Iteung (I) teh :
I : Ku naon akang, geuning bet humarurung ? Tiris ?
K : Lain Nyai, lain tiris, tapi ieu curuk kami nyanyautan !
I : Cikan ngilikan !
K : Yeuh geura jeueung ku Nyai, curuk kami mani bukekeng, jadi sagede kieu !
I : Ah, sagedena oge curuk, moal sagede eta !
K : Hus, bet geuning jorang nyaneh mah Iteung !
I : Jorang kumaha ari akang !
K : Geuning bieu bet make nyebut sagede “eta”. Ari “eta” teh naon ?
I : Maksud Iteung mah sagede ieu akang, ieu yeuh ……….. halu lulumpang !
K : Ih, ari sugan teh !
I : Hayu atuh akang, cuang ka kandang munding, ke di ditu cuang ubaran !
K : Ari nyaneh Iteung, minculak teh kabina-bina, nanahaonan uubar di kandang kebo !
I : Saur Abah ………….. mun isuk jaganing geto urang ngalaman raheut curuk, (tah
kawas akang ayeuna), lelepkeun we kana “eta” munding bikang !
K : Montong kalah ngaheureuyan deuleu Iteung, curuk kami teh enyaan nyeri !
I : Ongkohna ge saha nu ngaheureuyan, da ieu oge enyaan. Hayu cuang buktikeun !
Si Kabayan eleh geleng, kuniang hudang, terus ngikclik nuturkeun ingkang garwa. Kabeneran peuting harita teh bulan keur mabra, bubuhan keur tanggal wewelasan. Gancangna carita, tepi weh ka kandang kebo tea Kabeneran munding bikang teh depana nonggeng ka luar. Mokaha, mebeskeun curuk kana “etana” teh teu matak hese da bisa dirongkong ti luar.
I : Sok atuh atuh akang lelepkeun curukna.
Si Kabayan nurut, tapi gancang dibetot deui.
I : Ulah ngan ukur anclom atuh akang, anggur keueumkeun sing rada lila !
Si Kabayan nurut deui, curukna dilelepkeun deui, ayeuna mah terus dikeueumkeun salila-lila. Kakara diludang sanggeus Nyi Iteung ngajakan balik. Enya we, curuk Si Kabayan teh ayeuna mah kempes bari jeung teu nyeri deui cenah. Ngan orokaya, heuleut sababaraha peuting ti harita, pareng dina tengah peuting nu sepi jempling, katambah alam keur poek mongkleng bongan bulan teu nembongan, kacaturkeun Si Kabayan gering deui, humarurung kawas nu kungsi kaalaman. Ana ditanya ku sang garwa, walonna teh sarua jeung nu tiheula. Kieu cenah gunem caturna.
I : Ku naon deui akang ?
K : Haduh halah Iteung, ieu curuk kami nyeri deui.
I : Duh kumaha atuh akang, da ayeuna mah keur poek bulan, etana ge moal kajeueung !
K : Ah naaaa bet ngeok memeh dipacok, urang rarampa we !
I : Nya heug atuh, hayu !
Gancangna carita, Si Kabayan jeung Nyi Iteung geus cunduk kanu dijugjug.
I : Baeu akang, mana curukna ?
K : Ieu Iteung !
I : Euleuh, bareuh-bareuh enyaan ayeuna mah akang, geuning jadi gede pisan !
K : Nyaeta, tak tage !
I : Sok atuh akang, geuwat lelepkeun !
Si Kabayan nurut, tapi teu lila Nyi Iteung nyarita deui.
I : Ulah dikeueumkeun wae atuh akang, bisi buruk !
K : Beu, bet lalawora. Kumahakeun atuh Iteung ? Bedo ?
I : Hih, atuh moal cageur ari bedo mah akang !
K : Dikeueumkeum matak buruk, dibedokeun moal cageur ! Jadi lieur yeuh !
I : Ih, puguh ngarah teu lieur ! Pulang antingkeun angguranan akang !
K : Haaaar, na ari maneh Iteung !
I : Da ieu mah lain eta munding, akang ………. nu Iteung !
K : Euleuh, kutan ! Hadena weeee, ieu oge lain curuk, Iteung ………. nu kami !

Mugia sing janteun panghibur.

Lajeung kanu sanesna : Carita tukang peuyeum jeung fabel
                                 : Si Kabayan
                                 : Contoh carpon ( carita pondok )
loading...

Post Anu Sanesna: