Dongeng basa sunda talaga warna, gunung geulis sareung situ bagendit

Dihandap ieu dongeng basa sunda ngenaan sasakala talaga warna, gunung geulis sareng situ bagendit. dicutat tina rupi - rupi sumber di internet..mangga atuh dititenan..


Dongeng basa sunda talaga warna, gunung geulis sareung situ bagendit

#. Sasakala Talaga Warna

Di lamping Gunung Mégamendung, teu tebih ti jalan anu ti Bogor ka Sindanglaya; aya situ hiang katelahna Talaga¬warna. Sering pisan anu ngahaja sarumping ka dinya, ngaradon sukan-sukan bari ningali kaanéhanana. Margi titingalian di sakurilingna éta talaga teu kinten saéna, kakayonna anu arageung ngararombyong ka sisi cai, patingrunggunuk sapertos kénging ngahaja ngatur; kawuwuh ha¬wana tiis, kawantos di luhur gunung.

Nanging ari bangsa urang mah teu warantuneun ngaga¬dabah, malah awis aya anu ngahaja ngadon macangkrama borak-borak di sisi Talagawarna mah, margi sieun ku ma¬malana, pédah éta tempat dianggap sanget.

Ku sabréhan ogé katingali geueumanana, pantes seueur dedemitna, caina ngagimbleng, sakapeung héjo, sakapeung jingga, sakapeung semu konéng atanapi kajas. Éta margina nu mawi éta situ hiang disebat Talagawarna, réh caina sok gentos-gentos warnana.

Numutkeun cariosan sepuh urang Cianjur, nu mawi rupi caina sok robah-robah kitu téh, aya sasakalana. Kieu dongengna:

Jaman baheula palebah dinya téh aya nagara anu teu kinten raména, gegek jelemana tur balaleunghar deuih. Anu jumeneng raja kawentar asih ka abdi-abdi, kagurnita ka¬adilanana, puguh deui ari kabeungharanana mah kakoncara ka mana-mana.

Kacarioskeun Kangjeng Raja kagungan putra istri mung hiji-hijina pisan, geulis taya tandingna, salira jangjing lenggik, rarayna ngadaun seureuh, keningna ngajelér paéh, waosna gula gumantung, panangan bentik ngagondéwa.

Atuh ku ibu ku ramana sakalintang dipusti-pustina, di¬eugeuh didama-dama, éstu saniskanten dipupujuhkeun, sakapalayna teu aya nu dipungpang.
Barang Sang Putri parantos yuswa opat welas taun, keur sumedeng rumaja putri, nindak kana turun amis cau, teu aya deui damelna unggal dinten ngan mesék salira, di karaton pipidangan, gentos-gentos panganggo nu murub mubyar di¬tabur inten widuri.

Midang teu aya musimna, ningkes panganggo anu wareu¬teuh siang-wengi, saniskanten kedah ninggang surupanana. Sareng salamina kedah ngaleuseuhan baé, teu kersa nganggo nu lusuh. Upami sinjang songkét, atuh raksukanana kedah suat emas pulas kayas, sumberna kedah berlian masung, pinggel belah rotan ditarétés inten, malah sanggul diréka¬-réka kénging nyusurup, parantos aya emban tukangna.

Ku ibu ku rama éstu diayunkeun sakersana, kawantos ratu mukti salieuk béh, sayagi geusan ngumbruk-ngumbruk putra, anu sakitu dianggo kameumeutna.

Binangkitna putri kana ningkes panganggo parantos teu aya tandingna, jadi pamujian saeusi nagri, ditiru ditaru¬rutan ku istri-istri sadaya.

Ku margi ti mumurangkalih dibiasakeun ngaleuseuhan wungkul téa, sareng tingkesanana teu kénging pisan aja géséhna, lami-lami putri sering pusing galih, réh bingung kumaha nya pimodéleun, da anu parantos aya mah karaosna matak bosen, karaosna kieu teu surup-kitu teu surup.

Damelna nangis ngurihit ka ibu ka rama, nyuhunkeun inten keur rarambu kekemben, sareng mundut berlian keur tabur raksukan, mundut jambrut keur papaés pajeng, sareng mundut deui rupi-rupi permata anggoeun ieu-anggo¬eun itu pangwuwuh anu parantos aya.

Awitna mah pamundutna ku ibu ku rama tara aya anu dipogogan, najan barang anu langka, dibélaan ngadadak nimbaIan mantri ponggawa ngilari ka unggal nagri. Atuh permata ogé dugi ka parantos sababaraha peti geledeg, jabi sutra bangsa anggoan sipat nyamu.

Nanging lami ti lami, tina sanget kasengsrem ku tingkesan anu marodél téa, pamundut putri seueur pisun murkana, dugi ka ku ibu ku rama kapaksa sok dipondah, lantaran kamanah, yén kahoyong anu sarupi kitu mah henteu matak jadl papaés kapantesan.

Atuh Sang Putri sering bendu, pundung ka sepuh tina raosna asa dipungpang kahoyong, damelna kutuk gendeng, dugi ka wantun ngupat nyebatkeun medit, nyebat kumed, majar teu nyaah ka putra.

Dina hiji dinten putri sumping dumeuheus ka payuneun ibu rama diiring ku emban-emban, sakumaha biasa badé aya deui pamundut, réh kaangsonan ku mojang eusi puri, majar surup mawa sieup, upami tungtung rambut unggal¬ lambar digantélan ku mirah sareng widuri.

Ku Kangjeng Raja digumujengkeun, pamundut anu sa¬kitu minculakna téh, disebatkeun murka kaleuwihan, ditung¬tungan ku piwuruk, supados putra ulah katalanjuran teuing.

Nanging ujug-ujug jengkét baé putri ti payuneun rama, nangis kanyenyerian bari teu tata pasini.deui, wur baé permata anu dicandak harita ku anjeunna diawurkeun kana mas¬taka ramana. Gejlig putri ka latar, jamotrot bendu ka sepuh bari ngagantawang kieu, ”Kop tah cokot deui ari owel mah dipaké ku ....!"

Ajaib pisan teu acan tutup putri sasauranana, ujug-ujug burial baé cai ngabulak-bulak ti tengah latar téa, leb karaton kakeueum, musna rupa nagara dadak sakala salin jinis ngajadi talaga.

Nu mawi caina ayeuna sok gentos-gentos rupi téh, nyaéta duméh kahibaran ku cahaya berlian sareng permata nu sanés; anu mayak di dasarna, tilas ngawuran mastaka Kang¬jeng Raja, ramana putri nu murka téa

#. Gunung geulis


Kacaritakeun jaman baheula aya salaki pamajikan nu geus lila ngawangun rumah tangga, tapi tacan diparengkeun boga anak. Salakina kacida pisan hayangeun boga anak. Manèhna getèn neneda ka Nu Kawasa sangkan gancang diparengkeun boga anak.

Kocapkeun dina hiji peuting, salakina tèh meunang wangsit, yèn manèhna kudu ngajugjug hiji tempat nu pernahna aya di beulah wètaneun lembur nu dicicingan ku maranèhanana. Nu jadi salakina kudu ngajugjug hiji gunung kalayan kudu tapa di èta gunung. Isukna manèhna nepikeun impianana ka nu jadi pamajikanana. Pamajikanan ngajurung sangkan salakina nedunan panuduh nu datang dina impianana. Tuluy waè nu jadi salakina indit ngalalana ngajugjug hiji gunung pikeun tapa neda ka Nu Kawasa.

Sanggeus manggihan gunung nu dimaksud luyu jeung panuduh dina impian, manèhna der waè tapa salila opat puluh poè opat puluh peuting. Dina maleman peuting panganggeusan, manènha didatangan ku hiji putri anu geulis kawanti-wanti, èndah kabina-bina. Éta tèh putri anu ngageugeuh gunung nu keur ditapaan ku manèhna. Nempo putri anu kacida geulisna, manèhna lat poho kana maksud anu saèstuna. Tug manèhna nepi kadaèk ngawin èta putri. Padahal èta putri teh oray kajajadèn.

Sanggeus mangbulan-bulan salakina indit, pamajikanana mapay-mapay nèangan nu jadi salakina. Tungtungna manèhna manggihan salakina keur dibeulit ku oray anu kajida badagna. Pamajikanana kacida pisan reuwaseunana, pamajikanana ngarasa melang ka nu jadi salaki, sieun salakina dilegleg oray. Bakat ku nyaah ka salakina, pamajikanan satèkah polah nèangan akal pikeun maèhan èta oray. Brèh, kacipta piakaleunana, nyaèta ngeurad èta oray. Teu kungsi lila oray tèh beunang kaeurad. Kusabab èta oray kacida gedèna, oray tèh digusur ku kuda, dibawa turun ti luhur gunung. Sanggeus tepi ka hiji tempat, kuda tèh dicangcang dina hiji tangkal. Kiwari tempat nyangcang èta kuda tèh, katelah lembur Cikuda.

Barang kasampak èta oray rèk dipaèhan ku pamajikanana, salakina geuwat ngahalangan sangkan pamajikanana tong maèhan èta oray, sabab tetempoan salakina mah, èta oray tèh putri anu kacida geulisna. Pamajikanana kacida pisan ambekna. Kusabab keuheul, èta oray dipaèhan kaasup salakina nu geus teu inget deui ka pamajikanana.

Heuleut saminggu ti harita, bangkè oray jeung layon salakina ngiles taya raratanana. Ceuk carita mah ngajadi oray, nu tuluyna nyicingan èta gunung, nu kiwari katelah gunung geulis nu pernahna di Jatinangor Kabupaten Sumedang.

#. Asal muasal situ bagendit

Di wewengkon Banyuresmi Kabupatén Garut, aya situ anu néplak lega ngaranna. Situ Bagendit.Pamandangan di Situ Bagendit pohara éndahna. Nepi ka ayeuna ogé sok loba nu ulin ka Situ bagendit, ngadon lalayaran jeung balakécrakan.

Ceuk ujaring carita, baheulana mah di éta wewengkon éteu aya situ teu sing. Nu aya téh ngaran pilemburan jeung pasawahan waé. Ari dongéngna nepi ka aya situ téh kieu.
Di tengah lembur aya imah anu nenggang ti nu séjén. Nenggang sotéh lain hartina anggang tapi nenggang bédana ti nu imah nu aya di sabudeureunana. Di lembur eta teu aya deui nu imahna nu mapakan gedéna jeung sigrongna salian imah Nyi Endit.


Nyi Endit téh randa pangbeungharna di éta lembur. Imahna ogé pan sakitu agréngna, atuh pakayana lain ukur lega sawahna jeung kebonna, emas jeung berlian gé dipetian.
Nyi Endit mah lain waé kasohor ku beungharna tapi ogé kasohor ku peditna. Sakitu rajakaya ngaleuya, asup kana paribasa “bru di juru bro do panto ngalayah di tengah imah” tapi tara daék barang béré atawa tutulung ka nu butuh. Hasil tatanén kajeun buruk jadi runtuh batan dibikeun ka tatangga mah.

Padahal di éta lembur téh teu saeutik jalama anu sangsara, loba jalma anu dahar isuk heunteu soré. Malah teu saeutik anu maot alatan ku kalaparan. Ěta oge sok aya anu lahlahan nepungan Nyi Endit niat ménta tuluy, tapi lain dibahanan ku pangbutuh kalah diusir bari dicarékan.
Teu saeutik jalma anu nyeri haté nepi ka ceurik balilihan kanyenyerian ku Nyi Endit. Loba rahayat anu carinakdak lantaran teu geunah ku paripolah Nyi Endit nu taya pisan boga niat nalang ka nu keur susah.

Cunduk dina hiji waktu, aya aki-aki rudin leumpangna jajarigjeugan kundang iteuk. Ku saliwat nu carinakdak lantaran teu geunah ku paripolah Nyi Endit anu taya pisan boga niat teh kawas nu keur kalaparan. Nu dijugjug ku aki-aki téh imah Nyi Endit.

Barang nepi ka buruan gedong the aki-aki usuk salam, Nyi Endit anu kabeneran keur ngadaweung di tepas imah bari balakécrakan lain ditémbalan ku kecap nu soméah. Nempo aki-aki rudin teh Nyi Endit nyirintil bari ngahoak.
“ Rék nanaon datang ka dieu. Rek barang pénta? Indit! Kami moal rek mikeunan édahareun.”
Sakitu aki-aki lumengis bari nyebutkeun lapar, Nyi Endit boro-boro aya rasa karunya kalah popolotot nitah indit.
Méméh ngaléos éta laki-laki téh nyarita kénéh ka Nyi Endit.
“Mangkahadé anjeun poho, harta banda téh ukur pihapéan. Dunya barana mah ngan ukur titipan. Nu ku anjeun dipikaboga mah iwal ti amal hadé, jeung kanyaah ka sasama. Lamun nyaah teuing kana dunya urang bisi cilaka!”

Aki-aki ngaléos indit tapi saméméhna nancebkeun heula iteukna di tengah pakarangan imah Nyi Endit. Nempo iteuk nanceb ku Nyi Endit gancang dicabut bari dibalangkeun. Bet ku anéh, tina urut iteuk nanceb the kaluar cai. Mimitina mah cai téh ukur ngaburial lila-lila mah mancer tarik pisan.
Cai tina urut iteuk nanceb teu ereun-ereun. Mimiti ngan ukur ngumplang di pakarangan, lila-lila leleban caah. Cai beuki ngagulidang, Nyi Endit geumpeur.

Nempo lembur ka keueum ku cai téh Nyi Endit mah lain nyingkah cara batur tapi kalah ngeukeupan peti nu eusina emas berlian. Teu kungsi lila ti harita lembur salin rupa jadi situ. Lembur jeungharta Nyi Endit kakeueum di asar situ. Ceunah mah ceuk nu nyaho Nyi Endit jadi léntah nu gedé nu reunceum ku perhiasan. Paingan ceuk aki-aki téa dunya jeung harta banda ukur titipan. Geuning Nyi Endit gé kalah cilaka ari loba harta bari teu daék amal hadé mah.

Anu sanesna : Carpon sunda budak pahatu
                              Carita si Kabayan
                              Carita pondok basa sunda seuri leutik
                              Kumpulan carita pondok sunda lucu terbaru
                              Sakadang kuya dongeng sunda fabel
                              Dongeng basa sunda
loading...

Post Anu Sanesna: