10 Contoh kawih sunda paling populer jeung macemna

Kawih teh asal kecapna tina kavy ( kawi ). Kawih ngandung harti nyaeta rakitan basa anu di tulis ku para pujangga ( seniman ) sarta miboga birama anu ajeg ( angger ). 

10 Contoh kawih sunda paling populer jeung macemna


Unsur-unsur Kawih :

Rasa       : Ngagambarkeun Sikep
Nada      : Sikep anu nulis ( sedih, nalangsa , adigung jsb )
Amanat  : Pasualan nu haying di tepikeun
Tema     : Ide Pokok

Jenis kawih

1.      Kawih buhun / tradisional nyaeta kawih jaman baheula.

Contona ; banjar sinom

2.      Kawih jaman jepang nyaeta kawih anu di ciptakeun pas jaman penjajahan jepang. Contona ; Es lilin, balon ngapung.

3.      Kawih wanda anyar nyaeta kawih jaman ayeuna atawa modern.

Contona ; anggrek japati , angina priangan.


Kawih modern


# Peuyeum Bandung


Dimana-mana, di kampung di kota

Tos kakoncara, ku nimat rasana

Sampeu asalna, tur direka-reka

Naon namina, ku matak kabita


Peuyeum Bandung ka mashur

Pangaosna teu luhur

Ku sadaya kagaleuh

Sepuh jeung murang kalih


Mangga cobian, bilih panasaran

Peuyeum ti Bandung, henteu sambarangan


# Mojang Priangan 


Angkat ngagandeuang, bangun taya karingrang

Nganggo sinjang dilamban, Mojang Priangan

Umat imut lucu, sura seuri nyari

Larak lirik keupat, Mojang Priangan


Diraksukan kabaya, nambihan cahayana

Dangdosan sederhana, Mojang Priangan

Diraksukan kabaya, nambihan cahayana

Dangdosan sederhana, Mojang Priangan


Mojang anu donto, matak sono nu nempo

Mun tepang sono ka Mojang Priangan


# Pahlawan Toha


Getih suci nyiram bumi, tulang setra mulang lemah

Babakti nyungkem pertiwi, cikal bugang putra bangsa


Nyatana Pahlawan Toha, Pahlawan Bangdung Selatan

Patriot di Dayeuh Kolot, Tugu diwangun ngajadi ciri


Tarate nu mangkak, Ligar di Empang

Jadi bukti gugurna, Pahlawan bangsa


# Isola


Isola Bumi Siliwangi, liliwatan Bandung lembang

Suku tangkuban parahu, ngabedega endah agreng sigrong


Isola Bumi Siliwangi, patapaan seuwe siwi

Meuseuh dirina prihatin, keur babakti demi lemah cai


Isola pada muru tijauhna, ka jojo sanusantara

Kader-kader keur harepan, ti isola mimitina


# Karatagan Pahlawan


Teu honcewang, sumoreang, tekadna pahlawan bangsa

Cadu mundur, pantang mulang, mun maksud tacan laksana

Berjuang keur, lemah cai, lali rabi tur tegang pati

Taya basa menta pamulang tarima, iklas rido keur korban merdeka


Sinatria danalaga, bela bangsa jeung nagara

Dibarengan tekad suci, berjuang keur lemah cai

Teu ngingetkeun ka dirina, asal nagri bangsa waluya

Kadar jembar raharja mukti wibawa, gembleng tujuan Pahlawan Bangsa


# Duh Indung


Duh indung ngaraksa ngajaring anak

Najan rungsing matak pusing

Heunteu weleh deudeuh, mikanyaah asih

Di mongmong jeung di titimang


Duh indung ngaping ngadama-dama anak

Ngamumule buah hate

Ngajungjung tur ngagung-ngagung

Anak di jieun puputon


Duh indung, duh indung

Timang titi ngamongmong anak

Duh indung, aduh indung

Teu kendat ngadudu'a


# Tanah Sunda


Tanah sunda, wibawa, gemah ripah, tur endah

Nungumbara suka betah

Orang sunda, sawawa, sing toweksa, perceka

Nyangga darma anu nyata


Seweh pajajaran, mungga tong kasmaran

Sing tuladen jeung rumasa

Miara pakaya, memang sawajibna

Geten titen rumawat tanah pusaka
Bubuy Bulan 

Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang

Panon poe , panon poe di sasate

Unggal bulan, unggal bulan abdi teang

Unggal poe,, unggal poe oge hade

Situ ciburuy laukna hese di pancing

Nyeredet hate ningali ngeplak caina

Duh eta saha nu ngalangkung unggal enjing

Nyeredet hate ningali sorot socana


# Manuk Dadali


Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Mébérkeun jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak méga bari hiberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung perténtang taya bandinganana
Dipikagimir dipikasérab ku sasama
Taya karémpan kasieun lébér wawanénna

Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti indonesia jaya
Manu dadali pangkakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna

Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis béla pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna bangsa jeung rahayat Indonésia


# Sabilulungan


Sabilulungan dasar gotong royong
Sabilulungan sipat silih rojong
Sabilulungan genténg ulah potong
Sabilulungan persatuan témbong (katémbong)

Tohaga (tohaga), rohaka (rohaka)
Teguh tanggoh perbawa sabilulungan
Sadia (sadia) sajiwa (sajiwa)
Segut singkil ngabasmi pasalingsingan

Anu sanesna : Wawacan bahasa sunda
                     15 Bodor sunda jorang
                     Download bobodoran sunda
                     Contoh carpon sunda
                     
loading...

Post Anu Sanesna: