Carpon sunda ( Carita pondok ) atau dalam bahasa indonesia
lebih dikenal dengan cerpen ( cerita
pendek ) yang ditulis dengan bahasa sunda,tujuan carpon biasanya sebagai cerita
pendek yang menghibur namun masih ada pesan moral di dalamnya :
Dibawah ini adalah 3 contoh carpon bahasa sunda yang
menceritakan tentang Kang Ujang sebagai penjual peuyeum, asal muasal bulu
kelinci berwarna putih dan penyebab burung gagak berwarna hitam.
Arti kata :
Kang : merupakan kata ganti untuk seorang laki laki yang
berusia berumur lebih tua
Peuyeum : Merupakan makanan yang terbuat dari ubi kayu
dengan cara difermentasi menggunakan ragi atau dalam bahasa indonesia dikenal
dengan tape.
Kelenci : Kelinci
Oray : Ular
Carpon sunda kang ujang si tukang peuyeum
Di hiji wanci isuk, keur meujeuhna jelema saribuk dina
urusana masing-masing, Kang Ujang anu
osok ngideur ka unggal lembur jualan peuyeum keur nyiapkeun daganganana di imah
bilikna ngasup-ngasupkeun peuyeum kana nyiru.
Teu loba peuyeum anu bisa dijual ku manehna, ngan saukur 7
nugika 15 kiloan. Kang Ujang sanajan bari geus kolot oge tapi ari kana digawe
mah getol neangan rejeki kanggo ngahirupan anak jeung pamajikanana.
Saberes manehna ngasup-ngasupkeun peuyeum kana nyiru, gek
diangkat si tanggungana kumanehna teh.
Praak Kang Ujang mulai kaluar ti imahna sabari izin ka
pamajikana rek indit heula dagang.
"Mah, apa rek dagang heula nya, du'akeun ku mamah mugi
dagangana payu sareng seep."
"Enya pa, unggal dinteun oge mamah mah osok ngadu'akan
apa, mugi atuh peuyeumna payu seep, si asep karunya ceunah hoyongeun buku
kanggo sakola."
" Sabari sedih saeunggeus ngadenge anakna hayangeun
buku keur sakola, Kang Ujang ngalengkahkeun sukuna bari maca bismillah
Bitis Kang Ujang anu geus peot teu sampurna deui siga bareto keur ngora...
Ditingali mah asa teu panteus dagang peuyeum ngideur ka unggal lembur. Sanajan
kitu oge Kang Ujang tetep sumanget icalanana.
Kang Ujang gogorowokan kabumi bumi susuganan aya anu meser
peuyeumna,
"Peuyeum... Peuyeum.., Barade Peuyeum..!"
Alhamdulillah (ceuk hate Kang Ujang), jol ti hiji imah aya anu nyahutan.
"Kang.. Kang, meser peuyeumna 4 kilo..!"
Di salah sahiji imah nu sejen aya deui nu nyahutan.
"Kang, meser peuyeumna 8 kilo...!"
Peuyeum dagangana anu dibawa ku Kang Ujang 16 kiloan teh
seep taya sesa, dina jero hatena Kang Ujang.
"Alhamdulillah, peuyeum teh seep.. Tiasa mereunan meser
buku keur si asep sakola engke."
Kang Ujang ngarasa capek geus nanggung peuyeum dina
taktakna. Prak we Kang Ujang teh nagog sabari ngabaheuhay di sisi jalan.
Ditingali kumanehna lalar liwat mobil jeung motor bulak
balik ngaleos di hareupenana. ceuk hatena Kang Ujang.
"Duh... Nasib jeulema leutik kos urang Boro-boro bisa
boga mobil atawa motor, ngahirupan anak jeung pamajikan oge susah."
Saeuntos ngarasa leuwih enakkeun sampeana, Kang Ujang mulai
ngengkeg balik ka bumina. Pas dihareupeun panto bumina, Kang Ujang ngetok
panto, tok.. Tok tok..
"Mah... Mah, bapa uih."
Dibuka we si pantona teh ku pamajikana
"Eh.. Bapa tos uih geuning.."
Kang Ujang tuluy asup ka bumina sabari ngitung acis dina
pesakna, gek we Kang Ujang diuk dina korsi sabari nyarita ka pamajikana.
"Mah... Alhamdulillah peuyeumna seep."
"Alhamdulillah atuh pak, tiasa panginteun meser buku
keur si asep sakola."
"Mah... Hapunteunnya bapa, teu tiasa ngabahagiakeun
mamah jeung si ujang."
"Ari bapa nyarios naon? Mamah mah narimakeun ka ayaan urang
kieu, keun bae batur rek ngomong, ih.. Si itumah miskin atau naon oge, da ari
gusti Allah mah teu nilai kabeungharan manusa, tapi nilai kahadean dina
hatena."
Carpon bahasa sunda ngenaan sababna bulu kelenci warnana bodas
Baheula mah kelenci téh buluna hideung semu soklat. Dina
hiji soré ngalamun bari neuteup langit, ”Bagja méga, boga awak bodas nyacas
kawas kapas. Hayang teuing aing boga awak bodas. Keun ah, rék ditanyakeun,”
gerentesna bari alak-ilik néangan tempat anu luhur, nu sakira bisa dipaké
ngobrol jeung méga. Sangeus manggihan gunung nu luhur, kelenci naék ka
puncakna.
Pasosoré méga némbongan deui. Pok wé sakadang kelenci téh
nyarita, ”Yeuh méga, resep teuing nempo awak anjeun mani ngeplak bodas kitu.
Cing kuring tulungan, hayang boga bulu bodas kawas anjeun,” ceuk kelenci
ngalengis.
”Ieu mah geus takdir baé, sakadang kelenci. Tapi mun manéh
hayang bodas atuh gampang.”
”Kumaha carana?”
”Urang tukeur wé.”
”Jadi. Tapi kumaha carana?”
”Engké mun hujan, manéh kudu huhujanan nepi ka baseuh
saawak-awak.”
”Nuhun méga, engké pituduh anjeung rék dilaksanakeun. Ayeuna
mah kuring rék balik.”
”Heueuh, jig!”
Sababaraha bulan geus kaliwat, hujan teu embol-embol.
Sakadang kelenci geus keseleun nganti-ngati hujan.
Dina hiji poé, langit ceudeum, pihujaneun ngagayot di
langit. Teu lila der hujan kawas anu dicicikeun ti langit. Kelenci atoheun
liwat saking. Manéhna huhujanan bari ajrag-ajragan.
Beuki lila hujan beuki
orot, tungtungna ret saat. Nu kari méga nu warnana robah jadi hideung semu
soklat. baang nénjo méga rupana robah, rét sakadang kelenci kana awakna
sorangan.
Manéhna ajrag-ajragan bakating ku bungah, lantaran awakna bodas kawas
kapas. Ti harita, nepi ka turunanana kiwari buluna barodas.
Carpon sunda sababna manuk gagak warnana hideung
Kacaritakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur
nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibeulitkeun kana
pancuh tambakan Beulah dieu.
Awakna malang dina balong eta, tuluy di ayunkeun
goplak, goplak, goplak di pake nawu balong tea. Teu kungsi lila balong teh
saat, laukna cing kocopok loba. jol datang gagak kadinya, (harita mah gagak teh
buluna bodas ngeplak). Teu puguh-puguh, gagak teh malah ngadahar lauk nu aya
dibalong eta, nepi ka beak lauk nu baradagna oge, ku oray naga katempoan gagak
maling lauk, geuwat di genggereuhkeun, tapi gagak malah beuki ngahajakeun. Atuh
oray ambeuk, sebrut bae di udak gagak teh.
Gagak teh hiber tarik pisan, gagak
teh bingung da di berik wae, da sieun ka tewak ku oray naga. Kabeneran aya nu
keur neuleum, gebrus bae gagak teh asup kajero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng.
Barang jol oray naga teh panglingngeun, da gagak anu tadi
teh jadi hideung lestreng. Pok teh oray naga nanya, “mahlik hideung maneh nempo
sakadang gagak teu bieu ngaliwat kadieu?“ gagak teh sorana di gedekeun,
ngomongna oge basa betawi, da sieuneun katara, “Engga, gaaaa!” ceuk gagak teh.
Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana “gaaa, gaaak!”.
Pepeling nu tiasa dicandak dina carita diluhur nyaeta ari
jadi jalma teh kudu getol, daekan, ulet, usaha mun aya kahayang ciga oray naga,
ulah kawas gagak anu hayang ngenah sorangan embung barang gawe.
Itulah contoh carpon bahasa sunda, semoga menghibur dan bermanfaat.
loading...